Selasa, 12 November 2013

KARINDING






Noél Karinding
Karinding, alat musik sangat sederhana yang berasal dari tatar Sunda. Terbuat dari “hinis” bambu atau kawung (pohon arén). Sedangkan untuk menghasilkan suara, dalam memainkan alat musik ini rongga mulut digunakan sebagai ruang resonansinya. Alat musik ini telah menghilang dalam kurun
waktu yang cukup lama. Saat ini alat musik ini semakin booming, terlihat dengan adanya band-band seperti Karinding Attack dan Karmila (Karinding Militan Anarki).

Yang moto: Andi Gita Lesmana
Yang dipoto : Ilham Nurwansah
Tempat : di salah satu pojok PKM UPI

*artikel di atas telas diposting diblog
SAREBUREMEH - RABU, 11 MEI 2011
DIPOSKAN OLEH ANDJIS DI 06.20 TIDAK ADA KOMENTAR:
LABEL: NOEL KARINDING
alasan kenapa muncul diblog ini ada di:
http://anjigitalesmana.blogspot.com/2013/11/bab-bubuka.html

Senin, 04 November 2013

CARPON SUNDA: ANAK NONGKRONG

CARITA PONDOK
Judul: ANAK NONGKRONG

 “Engké rék langsung atawa balik heula blay?” ceuk Mischa ka Delia dina telepon.
 “Ékeu mah rék langsung wé ah, mun balik heula mah lieur ku kanjeng mamih, pasti loba tatanya geura.” jawab Delia. Ngabéjakeun sipat indungna anu sok loba nanya lamun anakna rék jalan-jalan. “Nu lain kumaha blay, jaradi ngilu moal?” tambah Delia nanyakeun dua sobatna nu séjén.
 “Jadi atuh, saha heula anu ngolo na..haha” jawab Mischa, balaga. Seuri Mischa jadi sora panutup dina telepon.
 Di kamarna, Delia mérésan pakéan anu bakal dibekel ka sakola, t-shirt gambar Marilyn Monroe jeung hotpants hideung, keur engké salin lamun geus di mall. Bawaan Delia dina jero rangsel kawilang loba, aya buku jeung alat tulis keur kaperluan sakola, jeung aya oge pakean jeung alat mikap keur engke ulin.
 Turun ti kamarna Delia tuluy sarapan bareng jeung indungna. Kulawarga Delia bisa disebut ngaménak, sok sajanan ayeuna mah kaayaanna geus béda jeung jaman bapana jumeneng. Kiwari ngan kari adat kabiasaanna hungkul anu ngari, harta banda mah geus teu nyésa. Harta banda kulawargana béak basa bapana ilubiung dina dunya pulitik. Bapana kungsi nyalonkeun diri jadi calég. Harta anu aya béak dipaké kaperluan pulitikna, di antarana waé biaya keur kampanyeu. Ngan naon nu diperjuangkeunna teu katepi. Nepika bapana maot kaserang panyakit jantung. Indungna Delia jadi single parent.
 Delia jeung balad-baladna katelah primadona di sakola, primadona ku geulisna jeung ku borjuna. Babaturan sakolana teu arapaleun lamun kondisi Delia nu ayeuna geus béda jeung kondisi Delia sataun ka tukang. Saha nu rék apal atuh lamun dina hirup sapopoéna masih glamour siga baheula. Manéhna anu pangheulana maké BB di sakolana, padahal bisa meuli BB téh hasil paséa heula jeung indungna. Indungna nu sadar kana kaayaan, rumasa geus moal kabedag mertahankeun gaya hirup siga baheula. Tapi ahirna indungna ngéléhan, kajeun guda-gadé ti batan ancaman anakna jadi kanyataan.
***
Bérés sakola, tabuh opat, Delia jeung baladna pangheulana ningggalkeun kelas, ninggalkeun sakola. Delia, Mischa, Véra, jeung Citra geus aya dina jero mobil Jazz Mischa. Mischa nu pangbeungharna ti antara opatan, ceunah mah manéhna téh anak invéstor kasohor di Bandung. Bareng jeung jempéna bél sakola, maranéhna biur indit ninggalkeun sakola.
Teu kungsi nepi kana sajam, mobil jazz Mischa geus diparkirkeun di basement salah sahiji mall kasohor di jalan Dago. Sakali séwang maranéhna ucul-ucul saragam dina jero mobil, disalin ku pakéan anu dibekel ku masing-masing. Delia maké t-shirt gambar Marilyn Monroe warna-warni jeung kahandapanna maké hotpants, tuluy disapatu kets merk vans. Citra maké kaos distro warna abu-abu, dicalana jins hideung merecet, disapatu merk macbeth. Véra jeung Mischa féminim pisan, duaan éta maké dréss kawilang mahal, Mischa maké kangkalung ranté dibabandulan ku logam ngabentuk bueuk anu matana tina bahan mirip inten, sedengkeun Véra maké kangkalung tali anu dibabandulan ku sababaraha tuts piano.
“Ékeu mah hayang ngalian heula ka toko baju anu di luhur téa, sugan wéh aya koléksi anyar.” Ceuk Mischa ka nu séjén.
“Ékeu gé satuju Cha, sugan wéh aya nu pantes dina awak urang anu séksi ieu,...hahaha” ceuk Véra nyapukan kahayang Mischa.
Di toko baju anu dituju ku Mischa téh teu lila, da kabeneran koléksina can update. Ayeuna giliran Delia anu ngajak.
“Tibatan géjé kieu mah mening karokéan wé yu, lumayan kan hiburan sanggeus meunang ulangan ti pa Kumis!” Delia ngajak nu séjén, bari jeung ngingetkeun yén tadi di sakola téh sirah opatanana ngebul ku sabab geus meunang ulangan ti guru akutansi.
“Enya atuh yu, basa kamu-kamu karokéan gé ékeu kan teu ngilu da keur nganteur kanjeng mamih téa.” Ceuk Citra atoh Delia ngajak karokean, bari jeung rada curhat ngeunaan kakeuheulna da kudu ngateur indungna basa sababaraha minggu ka tukang.
Sanggeus dua jam karokéan di hiji tempat family karaoké di eta mall, maranéhna nuluykeun nangkring di salah sahiji café langgananna. Véra ngaluarkeun roko rasa jeruk, DJMix merkna.
“Nih, ékeu mawa lagi roko rasa buah.” ceuk Véra bangun nu hayang nyugemakeun babaturanana.
“Alus atuh euy ari geus aya nu mawa mah, teu kudu asup deui ka swalayanna!” ceuk Mischa, bari nyokot sabatang roko ti Véra.
Pelenyun-pelenyun eta opat budak sakola téh ngararoko. Roko sabungkus nu geus béak ku opatan nungtungan nangkringna éta barudak ngora. Véra bakal dijemput ku kabogohna kurang-leuwih satengah jam deui. Citra anu imahna deukeut jeung Mischa nébéng kana mobilna. Imah Delia anu kaitung pangdeukeutna ti éta mall tapi euweuh nu bisa balik bareng kapaksa kudu naék kendaraan umum. Satengah jam ti dijemputna Véra ku kabogohna taksi can aya waé ngulampreng, nepi ka manéhna kapaksa balik naék angkot.
Delia naék angkot anu geus rada pinuh, ngan teu kungsi lila penumpang-penumpang anu saangkot jeung manéhna nungtutan talurun nepi ka kari tiluan, manéhna, supir, jeung baturna supir angkot nu aya di jero angkot téh. Baturna supir téh ngomong ku basa anu teu kaharti ku Delia, supirna ujug-ujug seuri. Teu kungsi lila éta angkot maju ngebut pisan, ngebut teu kira-kira. Harita Delia teu puguh rasa, komo deui sanggeus angkot kaluar tina jalurna anu biasa.
“Kiri mang, Kiri.... Mang, kiri!” ceuk Delia satengah ngagorowok. Supir jeung baturna geus teu maliré sora Delia, nu saurang mah teu ngaleungitkeun keureut-keureut beungeut panasaranna.
“Tulung... tulung...” Delia nyaho kaayaanna geus bahaya. Manéhna kokocéakan ménta tulung sok sanajan moal mungkin aya nu ngadéngéeun sora anu kasilep ku gerungna mobil ngebut.
Angkot eureun di tempat anu sepi pisan, teuing di mana. Baturna supir angkot pangheulana narajang Delia, ngan ku Delia sempet ditajong heula angenna. Supir angkot anu aya satukangeun baturna nagjengkang katabrak ku tonggong baturna anu ngadayagdag teu kuateun nahan tajongan Delia. Delia lumpat satari-tarikna. Ngan lumpatna éléh ku nu ngudag.
***
Poe senén, Delia sadar aya nu baseuh dina leungeunna, indungna keur saré, kaciri aya cimata maseuhan pipi indungna jeung leungeun Delia. Di rumah sakit.

Andi Gita Lesmana
2012

SAJAK SUNDA: SKÉTSA

SKÉTSA

Curat-corét patlot dina HVS
maké skil sabisana, da enya
lain seniman
kutrat-kotrét tina garis
nepi ka mangrupa beungeut duaan
enya, skétsa téh loba rucat-racétna
paingan atuh anjeun teu narima


Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: PHOTOBOX

PHOTOBOX

Dina éta kabin, anjeun jeung kuring
padémpét ngarah bisa asup kana frame
truk-trek, truk-trek anjeun mencét tombol
milih opsi layout poto
Jeprét, kapoto basa olohok
Jeprét, kapoto basa nyéréngéh
Jeprét, ngahaja teu loba gaya
Harita kénéh poto téh langsung jadi
tuluy diselapkeun dina dompét
dina saku nu euweuh liangan

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA:TAMAN

TAMAN

Kuring jeung anjeun kungsi nyorang
taman babarengan
kungsi silih tungtun da sieun bakal papisah
Kuring jeung anjeun kungsi meuntas cai
nincak sasak anu seseg
tonggoy nyorang taman babarengan
Kiwari kuring geus méh rék nepi
ka taman téa
duka kuring, duka anjeun
anu hayang geura balik,
duka hayang geura nepi

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: KAWIH ASIH DUA INSTRUMÉN

KAWIH ASIH DUA INSTRUMÉN

Kungsi manggih aransemén kawih asih
kawih nu tangtu perlu dua instrumén
nada-nada naék turun, ngabedahkeun
rasa nu ngagulidag
kawih asih dua instrumén
teu kaci lamun durasina ngan sapasi
saméméh dipungkas ku nada pati

Andi Gita Lesmana
2011

SUATU KISAH DARI PERGURUAN TINGGI TERMASHUR

SUATU KISAH DARI PERGURUAN TINGGI TERMASHUR

Alkisah dari sebuah perguruan tinggi termashur. Seorang petinggi kampus berjalan melewati tempat berkumpul para mahasiswa kampus tersebut. Beliau dikawal oleh satpam, ajudan, beserta para pembantunya. "Wifinya jalan, Dik?" beliau bertanya. "Bagus, Pak," sang Adik menjawab melewati bibirnya, lalu diteruskan dalam hati, "yang tidak bagus itu biaya kuliahnya Pak." Ternyata kata hati sang Adik terlalu kencang, sehingga wajah sang Bapak pun mendadak menekuk.


***
kisah di atas, sedikitnya ditulis berdasarkan kisah nyata di suatu kampus di Bandung. tak perlu disebutkan lah nama perguruan tingginya. namun si Adik yang ditanya itu benar adanya, dia itu saya.
kejadian aslinya sebenarnya lucu. saat itu saya dan kawan kawan mahasiswa "kolot" sedang nongkrong. ada yang membaca buku, ada yang internetan memakai notebook, ada yang internetan memakai hape, dan ada juga yang sekedar berkumpul. yang berkumpul itu di antaranya adalah mahasiswa tingkat pertama yang sedang mengerjakan tugas ospek, berkenalan kepada senior. cukup lah tentang orang-orang yang nongkrong itu.

datanglah seorang pejabat kampus, yang dikawal banyak orang itu. hal yang paling diingat adalah pertanyaan tentang sinyal wifi di sana. dan kelihatannya dia sangat menanti jawaban dari kami. suara terdengar akrab, atau mungkin diakrab-akrabkan. dan yang paling lucu, dia menunggu jawaban dari kami. dia berdiri sekitar satu meter dari tempat kami duduk. setelah muncul sedikit percakapan, beliau pergi. dan kami pun -yang sedang berkumpul- kebingungan atas pertanyaannya. "Na euweuh deui kitu euy nu bisa ditanyakeun ka urang teh?"

oya, kisah di atas pernah saya jadikan status facebook dalam bahasa Sunda (asa teu kudu ditulis nu kieu na mah).

HIJI CARITA TI PAGURON LUHUR KAMASHUR

Hiji carita ti paguron luhur kamashur. Aya gegedén kampus ngaliwat ka panangkringan para mahasiswana. Dikawal ku satpam, ajudan, katut para pembantuna. "Wifinya jalan, Dé?" anjeunna nanya. "Bagus, Pa," ki Adé némbalan ku bahamna, dituluykeun dina haténa, "yang tidak bagus mah biaya kuliahnya Pa." Singhoréng kereteg haté si Adé tarik teuing, nepi ka pameunteu si Bapa ngadadak karijut.

Minggu, 03 November 2013

SAJAK SUNDA: PEUTING KURING

PEUTING KURING

Dina mangsa sareureuh budak,
anjeun ngendag-ngendag
peuting kuring
Dina mangsa sareureuh kolot
anjeun muka selot
peuting kuring
Ti usum tumorék nepi ka janari gedé
anjeun ucang anggé
na impian kuring nepi ka hudang panon poé

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: HUMAREGUNG

HUMAREGUNG

Aya nu humaregung basa layung tunggang
gunung. Sieun tepung jeung
poék nu mongkléng nu baris metengan
mumunggang sukma. Can wani
panggih jeung peuting da gening caang bulan
téh ranggaék, rungseb kana
unggal juru jejempling peuting.

Andi Gita Lesmana
2009

SAJAK SUNDA: KATUMBIRI HIDEUNG KABÉH

KATUMBIRI HIDEUNG KABÉH

I
Pan nyata na mah Katumbiri téh warna-warni
Tapi naha nu kuring mah hideung kabéh
II
Katumbiri geus aya warnaan, tapi hanjakal
ngan na jero impian
III
Katumbiri geus cengkat deui...Tapi ku keukeuh
hideung kabeh
IV
Katumbiri…Ngagantung ucang-ucangan

Andi Gita Lesmana
2009

SAJAK SUNDA: MULYA

MULYA

Anjeung ngasongkeun cai
pamépés hanaang sukma urang
anjeung ngasongkeun cai, nu kadua kali
nyinglar rasa kahariwang.
Laju anjeun ngasongkeun anggur
seungitna nu nyambuang
ngajak raga kumalayang
na antara amparan méga-méga
laju anjeun ngasongkeun anggur, nu kadua kali
haneutna nyaliara dina raga.
Raga
nu keur kumalayang
antara méga-méga
raga sirna tan daya, tan upaya.

Andi Gita Lesmana
2010

Kungsi ditulis dina catetan facebook 2 Juli 2011
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-
sajak/10150239746208893/?refid=21

SAJAK SUNDA: SI KABAYAN

SI KABAYAN

Si Kabayan indit ngantor, nyoléndang kantong
eusi laptop.
Di kantor tuktrek-tuktrek noélan keyboard,
meusmeus spasi, meusmeus spasi,
kadang kala kaselang ku diskusi.
Si Kabayan balik ti kantor, mawa pagawéan nu
teu anggeus di kantorna.
Si Kabayan strés, Si Kabayan déprési.
Si Kabayan protés ka Gusti,
“Da kuring mah biasana gé ngala tutut, Gusti!
Lain noélan keyboard QWERTY!”


Andi Gita Lesmana
20..

Kungsi ditulis dina catetan facebook 2 Juli 2011
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-
sajak/10150239746208893/?refid=21

SAJAK SUNDA: LALAKON BANGKÉ

LALAKON BANGKÉ

Lir bangké beurit nu kagencét na sela-sela erak piring
hésé kapanggihna, da nyelap dinu nyelempét,
teu kahontal ku sadeupa.
Dina kapanggihna gé si bangké geus reuteum
hungkul bilatung.
Tapi da ti bareng hos gé laleur mah geus
apaleun di mana si bangké
ngagolér,
tuluy eunteup, tuluy ngendog.
Si Ema, si Abah, jeung sakabéh nu di imah,
ugil-ugilan nyoér si bangké, geus teu kuat
ngambu bauna unggal poé.
Ari geus beunang dicoér mah,
si bangké téh ukur di bulen ku lamak, tuluy
dialungkeun ka susukan.

Andi Gita Lesmana
2009

Kungsi ditulis dina catetan facebook
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-sajak/10150239746208893/?refid=21

BAB BUBUKA



#ANJIBLOG téh blog meunang Andi Gita Lesmana. Eusina ngawengku rupa-rupa pikiran nu nyieunna, di antarana tulisan-tulisan genre sastra saperti carpon jeung sajak, gambar jeung poto, artikel-artikel basajan, tutorial, jeung rupa-rupa tulisan ngeunaan Tarucing Garing.

***
 
Ieu blog téh anyar nyieun pisan. Kitu deui nu nyieunna teu pati ngarti kana blog-blogan. Tapi keun wé, nu penting aya heula. Anapon kahareupna, urang bandungan wé.

Ti heula téh geus kungsi nyieun blog, ngan bareng rék dibuka, poho deui akunna (http://nauda-dihianatan.blogspot.com/).
Tah ti ayeuna, sugan bisa dinyaankeun nulis dina blog téh.