Kamis, 27 Maret 2014

JEMBATAN PENYEBRANGAN DI HAREUPEUN BIP BAU ÉÉ

Kamari peuting (26/3/14), urang leuleumpangan ka daérah BIP, jalan Merdeka, Bandung.

Berangkat maké angkot Kalapa-Lédeng. Turun di hareupeun BEC, tuluy motong ka Gramedia. Kakara ngeuh, ayeuna mah di hareupeun gerbang Gramedia nu nyinghareup ka Merdeka téh aya zébra cross. Mémang hareupeun Gramedia pelebah dinya téh sok dipaké meuntas (sok sanajan baheula mah can aya zebra cross). Tah ayeuna mah nu nyebrang di dinya geus difasilitasi gening. Nyebrang dina zebra cross téh dilindungi ku Undang-Undang (mun teu salah mah UU Perhubungan, lamun aya waktu urang paluruh deui undang-undangna).

Ngomongkeun baheula, itungan minggu, bulan, atawa taun nu kaliwat, asana teh (rarasaan ieu mah) di hareupeun BIP atawa Gramedia teh euweuh zebra cross. Hiji-hijina cara nyebrang aman téh maké jembatan penyebrangan. Lamun rék nyebrang ti Gramedia ka BIP téh kudu ngidul (menuju selatan) heula. Malah kudu leuwih lebak deui ti lawang BIP. Ku lantaran leuwih jauh, loba jelema nu meuntas langsung, teu néangan tempat nyebrang nu leuwih aman. Ah, moal ngabahas éta heula.

Tah, kabeneran kamari ulin deui ka BIP, tuluy ka swalayan handapeunana. Ti swalayan handapeun BIP téa, urang rék ka daérah Purnawarman. Ngahaja hayang ngaliwat ka Gramedia deui. Kabeneran ngaliwat ka handapeun jembatan penyebrangan hareupeun BIP, naon salahna meuntas téh ngamangpaatkeun éta jambatan. Bareng naék kana éta jambatan paroék jeung sepi pisan. Di tungtung jambatan aya nu usik, nambahan rasa hariwang. Bareng urang geus nepi ka tungtung jambatan, nu usik téh jelema (gelandangan) nu ngaréngkol di juru jambatan, disimbut ku sarung butut. Urang turun, na atuh bareng asup kana daérah tangga, dasar ku sial, di dinya mabek bau tai. Ti tangga pangluhurna nepi kana tangga panghandapna, bau.

Meureun, aya sababaraha jelema nu salila ieu milih nyebrang "teu" ngamangpaatkeun éta jambatan téh alesanna hal-hal jiga kitu (Sok sanajan loba nu mémang teu paduli nyebrang nu merenah jeung aman téh kuduna di mana).