Rabu, 30 April 2014

Malam Ini Saya Tidak Bisa Tidur

Malam ini saya tidak bisa tidur.
Segala posisi terasa tidak nyaman.
Dan seketika pikiran saya terbang, melamun.
Ada beberapa hal yang saya bayangkan.
Hal-hal indah tentunya.
Namun melamun terhenti ketika saya ingat pada suatu bagian isi buku yang belum selesai saya baca
(bagian yang belum tentu ditafsirkan/difahami dengan benar).
“Keindahan dalam realitas cuma suatu khayalan, yang kita julukan pada realitas dengan imajinasi kita.”
“Sebetulnya keindahan itu diciptakan oleh imajinasi kita, tetapi di dalam realitas/alam, tidak ada keindahan yang sesungguhya.”
Kutipan di atas, terdapat pada halaman-halaman awal buku “Hubungan Estetik Seni dengan Realitas”, karya Chernyshevsky. Buku yang belum selesai saya baca, kata-kata (tejemahannya) terlalu sering membuat dahi berkerut.
Malam ini saya tidak bisa tidur.

Minggu, 20 April 2014

CURUG SIGAY (Air Terjun Sigay)



#CURUG #SIGAY #CURUGSIGAY

CURUG SIGAY, jangkungna kurang leuwih 15 méter. Ngaran walunganna nya éta walungan Cibeureum; batas administratif Kota Bandung jeung Kabupatén Bandung Barat.

Jalan asupna bisa ngaliwatan kampus UPI atawa bisa jalan Geger Arum-Geger Kalong. Lamun asupna ngaliwatan kampus UPI, jalanna nya éta asup ka gang di gigireun kolam renang UPI.

Sigay hartina alat keur naék kana tangkal kawung, bahan nu dipaké nya éta awi gombong saleunjeur dicowakan (dibolongan saeutik) pelebah buku-bukuna, keur tétécléan suku.

Rabu, 16 April 2014

CARPON SUNDA: RECOVERY

Saminggu deui si Tétéh nikah. Rencana mah acara pernikahanana téh moal méwah-méwah, cukup ku akad nikah, résépsi. Tempatna di lapang badminton RT. Nu ngariasna Mamah Omi, babaturan  senam si Ibu. Nu masakna ogé rék ku si Uwa jeung dulur-dulur wungkul. Sedengkeun kuring dipercaya jadi tukang moto. Saréréa geus apaleun yén hobi kuring téh popotoan. Hanjakal kaméra kuring keur rusak. Can sempet dibawa ka jalan Morse.
“Kapaksa kudu unjam-injeum ka barudak kieu carana mah,“ gerentes téh.
Ti sababaraha balad nu dihubungi, Roni nu pangheulana siap méré nginjeum. Fix kuring jadi juru dokuméntasi dina acara nikahan si Tétéh kalayan maké kaméra meunang nginjeum ti Roni.
***
Dina poéan pernikahan si Tétéh, kabéh geus siap dina cekel gawéna masing-masing. Nu teu kabagian barang gawé geus ginding ku dangdananana siga nu rék lomba adu geulis. Kitu deui kuring, geus siap jeung sakabéh senjata nu diperlukeun; kaméra, lénsa, tripod, flash, trigger, kabéh siap. Tinggal ngécéng targét, jeprét.
Akad nikah lumangsung di masjid Al-Mubarok, masjid antara imah jeung lapang Badminton nu dipaké hajat. Bubuka, ceramah, jeung maca Qur’an dipercayakeun ka Pa Isak, Ustad di lembur kuring. MC dipercayakeun ka Bu RT. Si Ibu, indung kuring, kabagian hubungan jeung pihak-pihak séjén. Nu kabandungan mah si Ibu keur badami jeung pa Naib. Mamah Omi, tukang rias téa, salian ti mangriaskeun si Tétéh téh ngabonusan ku ngondisikeun upacara adatna sagala. Basajan pisan. Tapi gedé maknana.
Ti mimiti pangantén lalaki turun tina mobil pangantén. Kuring mimiti ngajeprétkeun kaméra. Sagala anu dianggap penting, didokumentasikeun. Momen-momen nu matak narik mimiti ditéangan. Dipotoan. Dina acara akad nikah, ti mimiti bubuka nepi ka pangantén bérés nanda tangan surat nikah, kabéh dipoto. Surat nikah pangantén gé teu kaliwat, dibukakeun kaca tengahna, dipoto jeung panganténna.
Kitu deui, basa pangantén geus aya di pelaminan, kabéh didokuméntasikeun. Keluarga besar dipoto bareng jeung pangantén. Sobat-sobat sakola. Babaturana gawéna. Ngajalajar di kénca-katuhueun pangantén silihgenti dipotoan.
Hasil jeprétan kuring gé teu nguciwakeun. Loba nu muji.
***
Bérés acara pernikahan si Tétéh, tinggal capé jeung bungahna. Keluarga besar ngarariung kénéh di imah. Nini, sibuk ngabagi menu parasman nu nyésa. Nepi ka jam dalapan peuting aya kénéh tamu nu datang, nu teu bisa datang ti beurang. Nini nu geus pangalaman nikahkeun anak-anakna, geus boga sawangan kana hal ieu, nu datang peuting balikna dibahanan idangan atahan.
Kuring masih sempet ngadokuméntasikeun.
***
H +1, kuring hudang, bérés ti cai langsung solat. Bérés solat langsung ka dapur. Ninyuh kopi.
“Di, mana poto-poto nu kamari téh?” ceuk si Ibu.
“Aya dina kaméra kénéh, teu acan dialihkeun kana laptop,” témbal kuring.
“Sok atuh geura pindahkeun, Ibu hayang ningali poto-potona!”
Kuring ka kamar deui, tuluy ngahurungkeun laptop. Cikopi mah diteundeun gigireun laptop, can waka diinum, panas kénéh. Bari ngadagoan laptop siap dipaké, kuring ngahurungkeun deui kaméra, mukaan poto-poto kamari. Loba gening hasil jeprétan kamari téh.
Kurah-koréh néangan kabel data dina tas kaméra. Kabel data kapanggih, kaméra langsung disambungkeun kana laptop. Ditungguan sababaraha detik, sapuluh detik, ditungguan kénéh, samenit, nepi karasa lila, kaméra téh can kabaca waé ku laptop. Padahal masalah culak-colok kaméra kana laptop téh lain kakara.
“Alah siah, ieu kunaon?” kuring kaburu tegang. Kuring langsung gap kana hapé, nelpon Roni. Ngadadagoan nepi ka sababaraha kali sora tut-tutan dina speaker hapé.
“Ron, naha kaméra teu konék kana laptop urang nya?”
“Ah, maenya?” ceuk sora Roni dina telepon.
“Asli, ieu urang rék mindahkeun poto-poto nu kamari, ngan teu kabaca,” kuring ngajelaskeun.
“Cobaan wé laan MMC-na, maké card reader, ké kamérana mah ku urang dipariksa heula. Urang gé pernah ngalaman jiga kitu da,” ceuk Roni deui.
“Oh, heueuh atuh. Ké atuh urang cobaan heula. Nuhun bray,” ceuk kuring.
“Okéy!” ceuk Roni.
“Ditutup heula wé atuh nya.”
“Okéy.”
MMC dilaan tina kaméra, tuluy dicolokkeun maké card reader. Alhamdulilah, MMC-na wungkul mah kabaca. Ngan barang dibuka, datana kosong. Astagfirulloh. Dibuka folder option, sugan kahidden, da sidik henteu. Awak mimiti késangan, mimiti tegang. Bingung antara sieun kaméra si Roni rusak jeung sieun poto-poto nikahan si Tétéh laleungitan: mangkaning dokuméntasi hiji-hijina. Bakat ku bingung, kalah ka nangkarak bengkang kuring téh. Ngoréjat-ngoréjat sabada kopi kadupak ku suku. Kopi nu can kainum téh ngabayabah mubajir.
“Aduh untung teu kana laptop siah!” ceuk kuring kana kopi bahé. Teu lila kopi nu ngabayabah téh dielap ku elap pél.
Kuring nyolokeun modem, muka Google, susuganan manggih solusi keur masalah MMC nu teu kabaca. Aya artikel ngeunaan recovery file tina storage nu teu kabaca. Ngan kudu maké sababaraha aplikasi tambahan. Heueuh baé. Kuring ngadownload aplikasi nu dibutuhkeun.
Nepi ka kabéh nu dibutuhkeun keur ngarecovery téh siap, MMC dicolokkeun deui. Lila gening ngarecovery téh. Lain dagoan-dagoaneun bari ngahuleng. Kuring turun deui ka dapur. Néangan kopi deui.
“Wayah kieu geus rék dua kali ngopi?” ceuk si Ibu kagét.
“Nu tadi bahé Bu,” ceuk kuring.
“Kumaha poto téh?” si Ibu nanya deui, bakating ku panasaran jigana mah.  
“Itu keur dipindahkeun,” ceuk kuring tandes, horéam ngajelaskeun panjang lébar.
Lila-lila mah ngarecovery téh bérés. Bareng muka folder recovery-na, eusi MMC téh lain ngan poto nikahan si Tétéh hungkul, tapi aya data pribadi si Roni: poto si Roni jeung kabogohna. MasaAlloh, kuring teu nyangka, teu téga ningali poto-potona. Teuing aya sabaraha puluh, atawa boa aya leuwih kana saratus poto mah. Potona kabéh di kosan si Roni. Astagfirulloh.
Poto nikahan si Tétéh nu jumlahna teu nepi kana satengah eusi MMC buru-buru dipisahkeun. Dipindahkeun kana folder anyar. Bari ngadagoan bérés mindahkeun file kana folder dina laptop, pikiran kuring ngalayang ka awéwé anu aya dina poto tadi, kabogohna Roni, Déwi. Pribadi anu pikaresepeun, pinter jeung geulis. Katambah-tambah lamun papakéan téh sok mantes waé. Kuring jeung barudak nu sok nangkring gé pada muji ka manéhna téh. Rék saha jelema anu teu resep ka manéhna. Taya cawadeun. Basana, paripolahna, éstuning awéwé harepan pisan.
Antara kuring jeung manéhna téh mémang kungsi deukeut. Sababaraha bulan ka tukang. Mémang, di satukangeun Roni. Tada teuing ruksakna hubungan hadé kuring jeung Roni upama manéhna nyahoeun yén kuring kungsi maling-maling waktu panggih jeung kabogohna. Ari kuring jeung Déwi mah apal alesan deukeutna urang téh semet mana. Alesan panggihna naon. Ngan lamun batur nu nafsirkeun, bisa jadi rupa-rupa tafsiran. Sakali waktu mah panggihna gé lain rék nanaon, harita téh kuring nyumponan paménta Déwi. Manéhna hayang curhat. Curhat ngeunaan masalah antara manéhna jeung Roni.
 “Di, lamun Déwi gaduh pikiran kanggo putus ti Roni kumaha?” ceuk Déwi dina hiji soré di taman nu sepi. Manéhna ningali ka kolam, tapi sorot panonna kosong. Teuing keur ngalayang di mana pikiranna.
“Lebar atuh Wi,” ceuk kuring.
“Naha lebar?” ceuk manéhna, sorot panonna masih kosong. Malah dina sorana gé teu kadéngé nada nanya.
“Nya asa lebar wéh, hubungan nu geus sakitu lilana, geus sakitu seriusna, ujug-ujug putus.”
“Teu ujug-ujug ogé sih Di... kantos diemutan ku Dewi gé.”
“Ulah ah, lebar,” ceuk kuring. Kuring mikir lebar téh da ningali Roni jeung Déwi geus layeut pisan. Lamun ujug-ujug putus, pasti permasalahanna bakal robah jadi hanjakal. 
“Hmm. Lebar nya... pami aya masalah nu beurat pisan kumaha Di?” Déwi nanya deui. Mimiti kadéngé aya nu hirup dina dirina. Lain Déwi nu kosong bari neuteup kolam sababaraha menit saméméhna.
“Ari masalah mah kudu dibéréskeun, lain ditinggalkeun,” ceuk kuring. Kuring harita ngajawab maké kalimah ti para motivator. Kalayan sadar, matak hayang lumpat tina masalah téh ku sabab masalahna geus teu mungkin dibéréskeun kitu waé, biasana mah.
“Lamun bérés masalahna, kumaha hubunganna?” ceuk Déwi. Harita manéhna mindahkeun paneuteupna, tina kolam kana beungeut kuring.
“Pertahankeun,” ceuk kuring.
Pikiran kuring nu ngalayang kana adegan curhat di taman di sisi kolam téh balik deui kana tempatna. Panon fokus deui kana layar laptop. Najan teu téga, aya sababaraha poto anu ku kuring dibuka. Ditingali informasi potona maké adobe Bridge. Jéntré éta poto téh dicokot sababaraha bulan ka tukang. Berarti saméméh Déwi curhat.
“Wi, hampura, kuring teu apal masalah manéh téh nepi ka kituna. Hampura kuring geus nitah anjeun mertahankeun hubungan jeung si Roni.” ***

Fébruari 2014
kungsi dimuat dina Mangle Citak 
jeung dina Mangle Online.

Selasa, 08 April 2014

Satu Tahun Pasca Diterima dan Tidak Kuliah di Pascasarjana

S2/Pasca Sarjana

Sudah hampir satu tahun berlalu, ketegangan seputar pendaftaran kuliah S2 saya.
***
Dulu, setelah lulus kuliah S1, saya memikirkan S2, tapi tidak mengkategorikan sebagai keinginan. Saya berfikir; (1) S2 dengan uang pribadi tanpa jelas akan menjadi apa adalah kesia-siaan. Hanya akan menambah pengangguran bertitel ganda. (2) Lulus S2, bekerja sebagai karyawan kelas bawah dengan gajih kecil, sayang sekali telah bergelar tinggi. (3) S2 dengan uang pribadi, tapi jelas dengan arah masa depan, masih bisa ditoleransi. (4) S2 tanpa mengeluarkan biaya, kenapa tidak? (5) Apalagi dengan jaminan ikatan kerja sebagai dosen di salah satu perguruan tinggi di Indonesia. (6) Sebenarnya masih ada beberapa (fikiran,analisa so tau) yang bisa saya sebutkan, tapi tidak akan.
***
Awal tahun 2013 adalah waktu ketika saya mendapat berbagai respon karena saya mendaftarkan diri ke Sekolah Pasca Sarjana UPI.
Teman saya, Utom, tak hentinya meledek, "Cenah moal S2?".
Saya menjawab, "Urang moal S2 lamun teu jelas urang rék jadi naon ka hareupna."
Teman saya yang lain, Isal, "Manéh S2? Hadé lah, ngan mun geus lulus tetep jadi guru honorér, ku urang dianteur ka Pasupati keur bunuh diri."
***
Saya mendaftar S2 UPI, biaya pendaftaran sekitar Rp.700.000,00 (tujuh ratus ribu Rupiah). Lalu mengikuti tes potensi akademik (TPA) dan tes bahasa Inggris (tertulis). Lulus sebagai pelamar S2 ke 16 dari 32 pelamar pada prodi yang saya pilih.
Di samping itu, saya mendaftar beasiswa BPPDN (Beasiswa Pendidikan Pascasarjana Dalam Negeri) DIKTI. Dua orang yang paling berjasa dalam proses pendaftaran beasiswa saya: Neng Sarah dan Indra Azimi. Neng Sarah adalah teman sejak kecil, sedangkan Indra Azimi adalah orang baik yang tidak saya kenal.
Indra Azimi membuat sebuah blog dengan isi sangat berharga. Diskusi tentang semua mekanisme pendaftaran BPPDN. Kedua orang tersebut adalah penerima beasiswa BPPDN.
***
Setelah lulus seleksi pascasarjana UPI, yang saya pikir seleksinya (cukup) mudah, persyaratan pendaftarannya tidak rumit -setelah saya bandingkan dengan persyaratan pendaftaran di kampus yang lain. Tinggal satu tahap lagi yang harus saya lewati agar saya terdaftar sebagai siswa Sekolah Pascasarjana UPI, yakni membayar uang semester sebesar Rp.7.975.500,00 (delapan juta Rupiah kurang sedikit) untuk semester ganjil 2013/2014. Waktu pembayaran berlangsung dari tanggal 11 s.d. 17 Juli 2013, waktu tersebut sesuai dengan waktu yang tertera pada lampiran surat 'Hasil seleksi masuk SPs UPI' yang dikirim melewati pos dan sampai di rumah saya.
Seharusnya, setelah menyelesaikan pembayaran biaya di atas, saya mengurus tahap-tahap berikutnya dalam proses pendaftaran BPPDN. Namun tidak saya lanjutkan.
Sebuah 'tragedi' terjadi. Saya dianggap mengundurkan diri dari kampus tersebut.
Tragedi, saya menyebutnya tragedi, sesekali saya menyebutnya kecelakaan. Ah, apapun yang bisa disebut tidak mengenakan. Dan saya tidak jadi kuliah S2.
***
Untuk kalian yang membaca tulisan ini, tertarik mendaftar S2 dengan biaya dari beasiswa DIKTI. Web DIKTI yang sederhana itu sudah mewadahi semua yang kalian butuhkan. Hanya saja tidak sistematis. Kalian harus mengunduh beberapa file pdf, dan membacanya di luar web. Cari saja buku pedoman BPPDN (yang harus diunduh) yang pernah dikeluarkan DIKTI pada program beasiswa terahir, informasi yang dibutuhkan ada di sana.
***
Sekarang saya belum tertarik lagi. Tapi tidak tau kalau besok, ketika bangun saya mendapatkan sudut pandang yang berbeda. Haha.
***
Oya, kalo mau kuliah, cari perguruan tinggi yang bagus. Lumayan, poin plus buat mahasiswanya.

Minggu, 06 April 2014

Foto Kelas

Kemarin, sekarang, dan besok.

Seketika ada getaran kecil
di ujung luar kedua mata.

"Jangan-jangan besok itu tidak ada?"
"Maaf ya, kalo besok itu ga ada,
berarti ini udah ga penting lagi.
Semoga sesimpel itu."
"Ini tetap penting,
karena kejadian kemarin,
hari ini kita bisa membahas keindahan itu."
-sahabat




#uchuld #ogre #uwi
#nana #yang #mana #manis
#garing #fazrin #andi #oki #kolot
#foto #kelas
#isola #upi
#masa #muda #bersama