Senin, 16 Maret 2015

Tarucing Garing Katiga maén deui

Tarucing Garing show deui, peuting kamari (16/3/2015). Maén dina acara Konsér keliling Shocking Rajah, tempatna di Butcher's Bill jl.Taman Pramuka, Bandung. Runtuyan acara konsér Shocking Rajah dimimitian ti tabuh 19.30 nepi ka 23.00.

Nu tampil di antarana Perkusi Raiqin, Lisénda-Sambada, Film Behind The Scene (BTS) karya sutradara Syarah Meidiana, Tarucing Garing Katiga, Ice Bar Circus Band, jeung Shocking Rajah.

Tarucing Garing dipercaya keur ngeusi screening video. Judul-judul anu diputerkeun peuting tadi nya éta (1)Ban Mobil, (2)Bapa Urang, (3)Haphap, (4)Helm, (5)Jujur, (6)Meksiko, (7)Ngajakan, (8)Polwan, (9)Sendal, (10)Sieun Hamil, (11)Teu ngartos.