Tampilkan postingan dengan label SASTRA. Tampilkan semua postingan
Tampilkan postingan dengan label SASTRA. Tampilkan semua postingan

Kamis, 16 November 2017

Sasakala Surabi

Jaman baheula, tapi teu baheula teuing, baheula rada béh dieu. Awal-awal taun 1900an. Ngan nu pastina taun sabaraha mah geus kapopohokeun. Aya hiji wanoja anu ngahaja nyaba ka tatar Sunda. Éta wanoja téh asalna ti India. Lahir ti kulawarga anu beunghar. Beunghar tahta, jeung beunghar harta. Beunghar kacida. Jeung manéhna téh daék sakola. Nepi ka bisa sakola ka Amérika sagala keur namatkeun atikanana dina dunya hukum. Manéhna hayang jadi pengacara cenah. Béda jeung di urang, jaman harita basa urang Sunda can loba nu sakola, dina ayana ogé nu sakola paling luhur sakola dokter, STOVIA téa, nya lamun lulus jadi dokter keur gubermen Hindia Walanda. Lain euweuh nu sakola atawa sadar kana atikan, aya éta gé. Ti Sunda mah nya Déwi Sartika téa jalmina. Tapi da di dieu mah moal nyaritakeun sakola. Ieu tulisan mah rék nyaritakeun dahareun. Keun baé teu nyambung gé. Nu penting mah nyarita wéh heula.
Tah balik deui kana carita wanoja anu kungsi sakola ka Amérika téa. saking ku beunghar, lamun keur teu puguh cagap di imah, manéhna sok lalayaran. Nya salah sahijina lalayaran ka Hindia (Indonésia ayeuna mah). Teuing pédah ngaran wewengkonna sarua, teuing pédah sasab, teuing pédah ngahaja. Pokona mah ka Hindia wéh. Nya manéhna téh nyukcruk galur karuhunna. Cenah aya karuhunna anu meunangkeun anakna Aki Tirem ti Sunda. Nya manéhna téh datang ka tatar Sunda.
Di hiji dayeuh, Bandung katelahna. Éta wanoja pakansi ka Derentén. Di pipir gapura Derentén, éta wanoja jajan dahareun. Euweuh nu hideng méré ngaran kana éta dahareun. Nu dagangna jeung nu nyieunna éta-éta kénéh, geus ema-ema. Katelahna Ma Uwéh. Nu kiwari jadi kuwéh téa tina ku Uwéh, dijieun ku Uwéh, jadi wéh kuwéh, kuéh.
Éta dahareun téh ku wanoja India téa kapaké pisan. Sabab ngeunah jeung matak wareg.  Dijieunna tina tipung béas. Dipurulukan oncom. Wangunna buleud, munu'u lamun nangkub mah. Leuwih ni’mat lamun didahar haneut-haneut.
“Ema, naon nami ieu tuangeun téh?” ceuk wanoja India.
“Teu aya namian, Nyai,” ceuk Ma Uwéh.
Camuil, camuil, Nyai Wanoja India téh ngahuapkeun éta kaolahan. Meni matak pikabitaeun sakabéh nu datang ka Derentén.
“Nyai téh ti mana? Asa nembé ningal ema mah,” ceuk Ma Uwéh.
“Abdi téh ti India kalér Ma. Tepangkeun nami abdi Cornelia Sorabji. Seueur nu nyauran abdi ku nami Sorabji,” ceuk wanoja India, nu harita geus méré nyaho ngaranna ka Ma Uwéh.
Ma Uwéh héséeun nyebut Sorabji. Ti harita Ma Uwéh nginget-nginget ngaran Si Nyai ku ngaran Surabi.
Nyi Sorabji ngaborong dahareun nu munu'u téa. Banget ku reueus daganganna diborong ku anu pakansi ti béda nagara, Ma Uwéh nepi ka méré ngaran kana kuéh nu munu’u téa téh ku ngaran éta wanoja, Sorabji. Anu ceuk Ma Uwéh mah Surabi. Nya nepi ka kiwari éta kuéh téh katelah Surabi.
.

.
gambar kénging milarian tina google.
.
Dongéng sasakala, tapi heureuy meunang Andi. ditulis sabada ningali doodle Google Cornelia Sorabji.
.
kamus alit:
wewengkon : daérah
derentén : kebon binatang
pakansi : liburan, piknik

MÉNHIR (BATU TUNGGAL/TUGU BATU)

Hiji analisa sasakala batu Ménhir

Basa jaman Neolitikum, kabiasaan ngumpul téh geus aya. Teu béda jeung jaman Yunani. Nepi ka Yunani mah kawéntar ku para filsufna.
.
Bédana jeung jaman Yunani, dina jaman Néolitik mah can aya ngaranan kagiatan ngumpul téh. Dina jaman Yunani kagiatan keur ngeusian waktu nu lowong tina pagawéan téh dibéré ngaran scola , skhole, scolae, atawa schola (nu kiwari jadi asal-usul kecal kecap sakola, sokola, school, schule, jrrd).
.
Ti jaman ka jaman, saperti ti jaman Néolotik nepi ka Mégalitik, ti Yunani ka Romawi, ka masa Renaisance, malah ti jaman Revolusi Perancis nepi ka kiwari, kagiatan ngumpulna téh teu béda. Kurang leuwih babagi informasi.
.
Nu ngabédakeunna mah ngan tempatna. Baheula (jaman Néolitik téa) tempat ngariung téh deukeut tugu batu. Alesanna rupa-rupa, kaasup tadabur alam jeung ngahormat karuhun.
.
.
Jelema nu sok datang pangheulana ngageroan ka anu datang pandeuri, "Mén, hir!" Ku urang Éropah anu kungsi dijajah ku karuhunna urang Inggris, éta kecap téh ditulis "Man, here!"
"Jang, di dieu!"
Lamun diomongkeun lengkep mah "Jang, di dieu ngumpulna! Urang ngawangkong!"
.
Kiwari di Bandung ngadeg menhir di sababaraha pusat aktivitas masyarakatna, kayaning di Balkot jeung di Taman Sejarah. Jeung aya ogé wilayah nyu dingaranan Batununggal.
.
Ieu mah asli: men = batu ; hir = tunggal. Referensi: Wikipedia. Katakunci: Menhir.
.
#OMATHEUREUY #SAUKURHEUREUY #kerungheulatuluyseuri #lamundaek
#heureuy #joke #garing

Minggu, 18 Januari 2015

DONGÉNG PUTRI MUTIARA


PUTRI MUTIARA*

Kacaritakeun di hiji karajaan aya putri anu geulis kawanti-wanti. Imutna éndah kabina-bina. Béja pabéja-béja, aya nu ditepikeun ku jelema tina baham kana ceuli. Aya nu ditalatahkeun ku daun ka angin. Aya nu dibawa ku manuk-manuk anu ngarapung ka madhab papat.

Éta putri téh resep pisan kana barang-barang anu harérang. Anu tina beling, anu tina keramik, jeung kana sing sakur barang nu hérang putri resepeun. Ceuk cenah, pangna putri resep kana barang nu hérang téh resep kana kajujuranana. Éta barang bakal némbongkeun kalangkang putri sakumaha ayana diri putri nu keur ningali kana éta barang.

Béja yén aya putri anu geulis kawanti-wanti téh sumebar ka unggal arah, ka rupa-rupa daérah, ka loba nagara. Nepi ka aya hiji pangéran nu keur néangan jodona nékad datang ka karajaan tempat si putri nganjrek. Datangna éta pangéran téh matak pikabungaheun pisan keur Raja jeung Ratu mah. Putri bakal ditanyaan.

Sawatara poé pangéran milu meuting di éta karajaan. Nepi ka dina hiji beurang, pangéran jeung putri ngahaja papendak. Bareng pendak, pangeran sologoto, ngadupak barang hérang milik putri nepi ka muragna. Putri nangis, sedih kacida. Pangéran diusir. Pangéran jeung putri teu jadi nikah.

Ti waktu diusirna pangéran nu datang ngalamar téa, jeung satuluyna unggal aya lalaki nu rék niat hirup bareng jeung putri, putri méré ujian sangkan éta lalaki téh bisa ngajaga naon nu dipikanyaah ku éta putri. Nya éta barang-barang harérang téa.

Unggal aya lalaki nu datang, unggal aya barang hérang nu peupeus. Putri kacida sedihna. Nepi ka manéna hayang ngajauhan sagalana.

Putri pamit ka indung-bapana, Ratu jeung Raja. Neda widi yén manéhna téh rék indit. Manéhna rék tatapa di tempat nu moal aya jelema nu ngulampreng salian ti anu ditakdirkeun hirup bareng jeung manéhna. Anu moal meupeuskeun nanaon.

Putri indit ka basisir, mekel sagala rupa barang nu dipikacinta ku manéhna, barang-barang harérang. Nincak keusik, nincak lambak, tuluy nepi ka cai laut geus satuur, sacangkéng, sadada, sabeuheung, nepi ka putri laput teuleum ka laut. Laut surti kana pamaksudan putri. Laut teu daék minuhan bayah putri ku caina. Laut rék mantuan putri tatapa. Laut nyiptakeun cangkang nu kuat ngarah putri kalindungan. Lila ti lila putri cicing di jero lindungan laut, putri ngahiji jeung barang-barang hérangna, putri robah jadi mutiara. Sabar nungguan jelema nu bisa ngangkat manéhna mawa ka tempat nu pangéndahna.

*carita Putri Mutiara ieu datang tina lamunan kuring basa di kamar mandi. Andi Gita Lesmana, 2015.

Baé nya urang ngarang dongéng.

Najan ceuk téorina mah -dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna (Budi Rahayu Tamsyah, 1996:121).

Rabu, 16 April 2014

CARPON SUNDA: RECOVERY

Saminggu deui si Tétéh nikah. Rencana mah acara pernikahanana téh moal méwah-méwah, cukup ku akad nikah, résépsi. Tempatna di lapang badminton RT. Nu ngariasna Mamah Omi, babaturan  senam si Ibu. Nu masakna ogé rék ku si Uwa jeung dulur-dulur wungkul. Sedengkeun kuring dipercaya jadi tukang moto. Saréréa geus apaleun yén hobi kuring téh popotoan. Hanjakal kaméra kuring keur rusak. Can sempet dibawa ka jalan Morse.
“Kapaksa kudu unjam-injeum ka barudak kieu carana mah,“ gerentes téh.
Ti sababaraha balad nu dihubungi, Roni nu pangheulana siap méré nginjeum. Fix kuring jadi juru dokuméntasi dina acara nikahan si Tétéh kalayan maké kaméra meunang nginjeum ti Roni.
***
Dina poéan pernikahan si Tétéh, kabéh geus siap dina cekel gawéna masing-masing. Nu teu kabagian barang gawé geus ginding ku dangdananana siga nu rék lomba adu geulis. Kitu deui kuring, geus siap jeung sakabéh senjata nu diperlukeun; kaméra, lénsa, tripod, flash, trigger, kabéh siap. Tinggal ngécéng targét, jeprét.
Akad nikah lumangsung di masjid Al-Mubarok, masjid antara imah jeung lapang Badminton nu dipaké hajat. Bubuka, ceramah, jeung maca Qur’an dipercayakeun ka Pa Isak, Ustad di lembur kuring. MC dipercayakeun ka Bu RT. Si Ibu, indung kuring, kabagian hubungan jeung pihak-pihak séjén. Nu kabandungan mah si Ibu keur badami jeung pa Naib. Mamah Omi, tukang rias téa, salian ti mangriaskeun si Tétéh téh ngabonusan ku ngondisikeun upacara adatna sagala. Basajan pisan. Tapi gedé maknana.
Ti mimiti pangantén lalaki turun tina mobil pangantén. Kuring mimiti ngajeprétkeun kaméra. Sagala anu dianggap penting, didokumentasikeun. Momen-momen nu matak narik mimiti ditéangan. Dipotoan. Dina acara akad nikah, ti mimiti bubuka nepi ka pangantén bérés nanda tangan surat nikah, kabéh dipoto. Surat nikah pangantén gé teu kaliwat, dibukakeun kaca tengahna, dipoto jeung panganténna.
Kitu deui, basa pangantén geus aya di pelaminan, kabéh didokuméntasikeun. Keluarga besar dipoto bareng jeung pangantén. Sobat-sobat sakola. Babaturana gawéna. Ngajalajar di kénca-katuhueun pangantén silihgenti dipotoan.
Hasil jeprétan kuring gé teu nguciwakeun. Loba nu muji.
***
Bérés acara pernikahan si Tétéh, tinggal capé jeung bungahna. Keluarga besar ngarariung kénéh di imah. Nini, sibuk ngabagi menu parasman nu nyésa. Nepi ka jam dalapan peuting aya kénéh tamu nu datang, nu teu bisa datang ti beurang. Nini nu geus pangalaman nikahkeun anak-anakna, geus boga sawangan kana hal ieu, nu datang peuting balikna dibahanan idangan atahan.
Kuring masih sempet ngadokuméntasikeun.
***
H +1, kuring hudang, bérés ti cai langsung solat. Bérés solat langsung ka dapur. Ninyuh kopi.
“Di, mana poto-poto nu kamari téh?” ceuk si Ibu.
“Aya dina kaméra kénéh, teu acan dialihkeun kana laptop,” témbal kuring.
“Sok atuh geura pindahkeun, Ibu hayang ningali poto-potona!”
Kuring ka kamar deui, tuluy ngahurungkeun laptop. Cikopi mah diteundeun gigireun laptop, can waka diinum, panas kénéh. Bari ngadagoan laptop siap dipaké, kuring ngahurungkeun deui kaméra, mukaan poto-poto kamari. Loba gening hasil jeprétan kamari téh.
Kurah-koréh néangan kabel data dina tas kaméra. Kabel data kapanggih, kaméra langsung disambungkeun kana laptop. Ditungguan sababaraha detik, sapuluh detik, ditungguan kénéh, samenit, nepi karasa lila, kaméra téh can kabaca waé ku laptop. Padahal masalah culak-colok kaméra kana laptop téh lain kakara.
“Alah siah, ieu kunaon?” kuring kaburu tegang. Kuring langsung gap kana hapé, nelpon Roni. Ngadadagoan nepi ka sababaraha kali sora tut-tutan dina speaker hapé.
“Ron, naha kaméra teu konék kana laptop urang nya?”
“Ah, maenya?” ceuk sora Roni dina telepon.
“Asli, ieu urang rék mindahkeun poto-poto nu kamari, ngan teu kabaca,” kuring ngajelaskeun.
“Cobaan wé laan MMC-na, maké card reader, ké kamérana mah ku urang dipariksa heula. Urang gé pernah ngalaman jiga kitu da,” ceuk Roni deui.
“Oh, heueuh atuh. Ké atuh urang cobaan heula. Nuhun bray,” ceuk kuring.
“Okéy!” ceuk Roni.
“Ditutup heula wé atuh nya.”
“Okéy.”
MMC dilaan tina kaméra, tuluy dicolokkeun maké card reader. Alhamdulilah, MMC-na wungkul mah kabaca. Ngan barang dibuka, datana kosong. Astagfirulloh. Dibuka folder option, sugan kahidden, da sidik henteu. Awak mimiti késangan, mimiti tegang. Bingung antara sieun kaméra si Roni rusak jeung sieun poto-poto nikahan si Tétéh laleungitan: mangkaning dokuméntasi hiji-hijina. Bakat ku bingung, kalah ka nangkarak bengkang kuring téh. Ngoréjat-ngoréjat sabada kopi kadupak ku suku. Kopi nu can kainum téh ngabayabah mubajir.
“Aduh untung teu kana laptop siah!” ceuk kuring kana kopi bahé. Teu lila kopi nu ngabayabah téh dielap ku elap pél.
Kuring nyolokeun modem, muka Google, susuganan manggih solusi keur masalah MMC nu teu kabaca. Aya artikel ngeunaan recovery file tina storage nu teu kabaca. Ngan kudu maké sababaraha aplikasi tambahan. Heueuh baé. Kuring ngadownload aplikasi nu dibutuhkeun.
Nepi ka kabéh nu dibutuhkeun keur ngarecovery téh siap, MMC dicolokkeun deui. Lila gening ngarecovery téh. Lain dagoan-dagoaneun bari ngahuleng. Kuring turun deui ka dapur. Néangan kopi deui.
“Wayah kieu geus rék dua kali ngopi?” ceuk si Ibu kagét.
“Nu tadi bahé Bu,” ceuk kuring.
“Kumaha poto téh?” si Ibu nanya deui, bakating ku panasaran jigana mah.  
“Itu keur dipindahkeun,” ceuk kuring tandes, horéam ngajelaskeun panjang lébar.
Lila-lila mah ngarecovery téh bérés. Bareng muka folder recovery-na, eusi MMC téh lain ngan poto nikahan si Tétéh hungkul, tapi aya data pribadi si Roni: poto si Roni jeung kabogohna. MasaAlloh, kuring teu nyangka, teu téga ningali poto-potona. Teuing aya sabaraha puluh, atawa boa aya leuwih kana saratus poto mah. Potona kabéh di kosan si Roni. Astagfirulloh.
Poto nikahan si Tétéh nu jumlahna teu nepi kana satengah eusi MMC buru-buru dipisahkeun. Dipindahkeun kana folder anyar. Bari ngadagoan bérés mindahkeun file kana folder dina laptop, pikiran kuring ngalayang ka awéwé anu aya dina poto tadi, kabogohna Roni, Déwi. Pribadi anu pikaresepeun, pinter jeung geulis. Katambah-tambah lamun papakéan téh sok mantes waé. Kuring jeung barudak nu sok nangkring gé pada muji ka manéhna téh. Rék saha jelema anu teu resep ka manéhna. Taya cawadeun. Basana, paripolahna, éstuning awéwé harepan pisan.
Antara kuring jeung manéhna téh mémang kungsi deukeut. Sababaraha bulan ka tukang. Mémang, di satukangeun Roni. Tada teuing ruksakna hubungan hadé kuring jeung Roni upama manéhna nyahoeun yén kuring kungsi maling-maling waktu panggih jeung kabogohna. Ari kuring jeung Déwi mah apal alesan deukeutna urang téh semet mana. Alesan panggihna naon. Ngan lamun batur nu nafsirkeun, bisa jadi rupa-rupa tafsiran. Sakali waktu mah panggihna gé lain rék nanaon, harita téh kuring nyumponan paménta Déwi. Manéhna hayang curhat. Curhat ngeunaan masalah antara manéhna jeung Roni.
 “Di, lamun Déwi gaduh pikiran kanggo putus ti Roni kumaha?” ceuk Déwi dina hiji soré di taman nu sepi. Manéhna ningali ka kolam, tapi sorot panonna kosong. Teuing keur ngalayang di mana pikiranna.
“Lebar atuh Wi,” ceuk kuring.
“Naha lebar?” ceuk manéhna, sorot panonna masih kosong. Malah dina sorana gé teu kadéngé nada nanya.
“Nya asa lebar wéh, hubungan nu geus sakitu lilana, geus sakitu seriusna, ujug-ujug putus.”
“Teu ujug-ujug ogé sih Di... kantos diemutan ku Dewi gé.”
“Ulah ah, lebar,” ceuk kuring. Kuring mikir lebar téh da ningali Roni jeung Déwi geus layeut pisan. Lamun ujug-ujug putus, pasti permasalahanna bakal robah jadi hanjakal. 
“Hmm. Lebar nya... pami aya masalah nu beurat pisan kumaha Di?” Déwi nanya deui. Mimiti kadéngé aya nu hirup dina dirina. Lain Déwi nu kosong bari neuteup kolam sababaraha menit saméméhna.
“Ari masalah mah kudu dibéréskeun, lain ditinggalkeun,” ceuk kuring. Kuring harita ngajawab maké kalimah ti para motivator. Kalayan sadar, matak hayang lumpat tina masalah téh ku sabab masalahna geus teu mungkin dibéréskeun kitu waé, biasana mah.
“Lamun bérés masalahna, kumaha hubunganna?” ceuk Déwi. Harita manéhna mindahkeun paneuteupna, tina kolam kana beungeut kuring.
“Pertahankeun,” ceuk kuring.
Pikiran kuring nu ngalayang kana adegan curhat di taman di sisi kolam téh balik deui kana tempatna. Panon fokus deui kana layar laptop. Najan teu téga, aya sababaraha poto anu ku kuring dibuka. Ditingali informasi potona maké adobe Bridge. Jéntré éta poto téh dicokot sababaraha bulan ka tukang. Berarti saméméh Déwi curhat.
“Wi, hampura, kuring teu apal masalah manéh téh nepi ka kituna. Hampura kuring geus nitah anjeun mertahankeun hubungan jeung si Roni.” ***

Fébruari 2014
kungsi dimuat dina Mangle Citak 
jeung dina Mangle Online.

Senin, 04 November 2013

CARPON SUNDA: ANAK NONGKRONG

CARITA PONDOK
Judul: ANAK NONGKRONG

 “Engké rék langsung atawa balik heula blay?” ceuk Mischa ka Delia dina telepon.
 “Ékeu mah rék langsung wé ah, mun balik heula mah lieur ku kanjeng mamih, pasti loba tatanya geura.” jawab Delia. Ngabéjakeun sipat indungna anu sok loba nanya lamun anakna rék jalan-jalan. “Nu lain kumaha blay, jaradi ngilu moal?” tambah Delia nanyakeun dua sobatna nu séjén.
 “Jadi atuh, saha heula anu ngolo na..haha” jawab Mischa, balaga. Seuri Mischa jadi sora panutup dina telepon.
 Di kamarna, Delia mérésan pakéan anu bakal dibekel ka sakola, t-shirt gambar Marilyn Monroe jeung hotpants hideung, keur engké salin lamun geus di mall. Bawaan Delia dina jero rangsel kawilang loba, aya buku jeung alat tulis keur kaperluan sakola, jeung aya oge pakean jeung alat mikap keur engke ulin.
 Turun ti kamarna Delia tuluy sarapan bareng jeung indungna. Kulawarga Delia bisa disebut ngaménak, sok sajanan ayeuna mah kaayaanna geus béda jeung jaman bapana jumeneng. Kiwari ngan kari adat kabiasaanna hungkul anu ngari, harta banda mah geus teu nyésa. Harta banda kulawargana béak basa bapana ilubiung dina dunya pulitik. Bapana kungsi nyalonkeun diri jadi calég. Harta anu aya béak dipaké kaperluan pulitikna, di antarana waé biaya keur kampanyeu. Ngan naon nu diperjuangkeunna teu katepi. Nepika bapana maot kaserang panyakit jantung. Indungna Delia jadi single parent.
 Delia jeung balad-baladna katelah primadona di sakola, primadona ku geulisna jeung ku borjuna. Babaturan sakolana teu arapaleun lamun kondisi Delia nu ayeuna geus béda jeung kondisi Delia sataun ka tukang. Saha nu rék apal atuh lamun dina hirup sapopoéna masih glamour siga baheula. Manéhna anu pangheulana maké BB di sakolana, padahal bisa meuli BB téh hasil paséa heula jeung indungna. Indungna nu sadar kana kaayaan, rumasa geus moal kabedag mertahankeun gaya hirup siga baheula. Tapi ahirna indungna ngéléhan, kajeun guda-gadé ti batan ancaman anakna jadi kanyataan.
***
Bérés sakola, tabuh opat, Delia jeung baladna pangheulana ningggalkeun kelas, ninggalkeun sakola. Delia, Mischa, Véra, jeung Citra geus aya dina jero mobil Jazz Mischa. Mischa nu pangbeungharna ti antara opatan, ceunah mah manéhna téh anak invéstor kasohor di Bandung. Bareng jeung jempéna bél sakola, maranéhna biur indit ninggalkeun sakola.
Teu kungsi nepi kana sajam, mobil jazz Mischa geus diparkirkeun di basement salah sahiji mall kasohor di jalan Dago. Sakali séwang maranéhna ucul-ucul saragam dina jero mobil, disalin ku pakéan anu dibekel ku masing-masing. Delia maké t-shirt gambar Marilyn Monroe warna-warni jeung kahandapanna maké hotpants, tuluy disapatu kets merk vans. Citra maké kaos distro warna abu-abu, dicalana jins hideung merecet, disapatu merk macbeth. Véra jeung Mischa féminim pisan, duaan éta maké dréss kawilang mahal, Mischa maké kangkalung ranté dibabandulan ku logam ngabentuk bueuk anu matana tina bahan mirip inten, sedengkeun Véra maké kangkalung tali anu dibabandulan ku sababaraha tuts piano.
“Ékeu mah hayang ngalian heula ka toko baju anu di luhur téa, sugan wéh aya koléksi anyar.” Ceuk Mischa ka nu séjén.
“Ékeu gé satuju Cha, sugan wéh aya nu pantes dina awak urang anu séksi ieu,...hahaha” ceuk Véra nyapukan kahayang Mischa.
Di toko baju anu dituju ku Mischa téh teu lila, da kabeneran koléksina can update. Ayeuna giliran Delia anu ngajak.
“Tibatan géjé kieu mah mening karokéan wé yu, lumayan kan hiburan sanggeus meunang ulangan ti pa Kumis!” Delia ngajak nu séjén, bari jeung ngingetkeun yén tadi di sakola téh sirah opatanana ngebul ku sabab geus meunang ulangan ti guru akutansi.
“Enya atuh yu, basa kamu-kamu karokéan gé ékeu kan teu ngilu da keur nganteur kanjeng mamih téa.” Ceuk Citra atoh Delia ngajak karokean, bari jeung rada curhat ngeunaan kakeuheulna da kudu ngateur indungna basa sababaraha minggu ka tukang.
Sanggeus dua jam karokéan di hiji tempat family karaoké di eta mall, maranéhna nuluykeun nangkring di salah sahiji café langgananna. Véra ngaluarkeun roko rasa jeruk, DJMix merkna.
“Nih, ékeu mawa lagi roko rasa buah.” ceuk Véra bangun nu hayang nyugemakeun babaturanana.
“Alus atuh euy ari geus aya nu mawa mah, teu kudu asup deui ka swalayanna!” ceuk Mischa, bari nyokot sabatang roko ti Véra.
Pelenyun-pelenyun eta opat budak sakola téh ngararoko. Roko sabungkus nu geus béak ku opatan nungtungan nangkringna éta barudak ngora. Véra bakal dijemput ku kabogohna kurang-leuwih satengah jam deui. Citra anu imahna deukeut jeung Mischa nébéng kana mobilna. Imah Delia anu kaitung pangdeukeutna ti éta mall tapi euweuh nu bisa balik bareng kapaksa kudu naék kendaraan umum. Satengah jam ti dijemputna Véra ku kabogohna taksi can aya waé ngulampreng, nepi ka manéhna kapaksa balik naék angkot.
Delia naék angkot anu geus rada pinuh, ngan teu kungsi lila penumpang-penumpang anu saangkot jeung manéhna nungtutan talurun nepi ka kari tiluan, manéhna, supir, jeung baturna supir angkot nu aya di jero angkot téh. Baturna supir téh ngomong ku basa anu teu kaharti ku Delia, supirna ujug-ujug seuri. Teu kungsi lila éta angkot maju ngebut pisan, ngebut teu kira-kira. Harita Delia teu puguh rasa, komo deui sanggeus angkot kaluar tina jalurna anu biasa.
“Kiri mang, Kiri.... Mang, kiri!” ceuk Delia satengah ngagorowok. Supir jeung baturna geus teu maliré sora Delia, nu saurang mah teu ngaleungitkeun keureut-keureut beungeut panasaranna.
“Tulung... tulung...” Delia nyaho kaayaanna geus bahaya. Manéhna kokocéakan ménta tulung sok sanajan moal mungkin aya nu ngadéngéeun sora anu kasilep ku gerungna mobil ngebut.
Angkot eureun di tempat anu sepi pisan, teuing di mana. Baturna supir angkot pangheulana narajang Delia, ngan ku Delia sempet ditajong heula angenna. Supir angkot anu aya satukangeun baturna nagjengkang katabrak ku tonggong baturna anu ngadayagdag teu kuateun nahan tajongan Delia. Delia lumpat satari-tarikna. Ngan lumpatna éléh ku nu ngudag.
***
Poe senén, Delia sadar aya nu baseuh dina leungeunna, indungna keur saré, kaciri aya cimata maseuhan pipi indungna jeung leungeun Delia. Di rumah sakit.

Andi Gita Lesmana
2012

SAJAK SUNDA: SKÉTSA

SKÉTSA

Curat-corét patlot dina HVS
maké skil sabisana, da enya
lain seniman
kutrat-kotrét tina garis
nepi ka mangrupa beungeut duaan
enya, skétsa téh loba rucat-racétna
paingan atuh anjeun teu narima


Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: PHOTOBOX

PHOTOBOX

Dina éta kabin, anjeun jeung kuring
padémpét ngarah bisa asup kana frame
truk-trek, truk-trek anjeun mencét tombol
milih opsi layout poto
Jeprét, kapoto basa olohok
Jeprét, kapoto basa nyéréngéh
Jeprét, ngahaja teu loba gaya
Harita kénéh poto téh langsung jadi
tuluy diselapkeun dina dompét
dina saku nu euweuh liangan

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA:TAMAN

TAMAN

Kuring jeung anjeun kungsi nyorang
taman babarengan
kungsi silih tungtun da sieun bakal papisah
Kuring jeung anjeun kungsi meuntas cai
nincak sasak anu seseg
tonggoy nyorang taman babarengan
Kiwari kuring geus méh rék nepi
ka taman téa
duka kuring, duka anjeun
anu hayang geura balik,
duka hayang geura nepi

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: KAWIH ASIH DUA INSTRUMÉN

KAWIH ASIH DUA INSTRUMÉN

Kungsi manggih aransemén kawih asih
kawih nu tangtu perlu dua instrumén
nada-nada naék turun, ngabedahkeun
rasa nu ngagulidag
kawih asih dua instrumén
teu kaci lamun durasina ngan sapasi
saméméh dipungkas ku nada pati

Andi Gita Lesmana
2011

Minggu, 03 November 2013

SAJAK SUNDA: PEUTING KURING

PEUTING KURING

Dina mangsa sareureuh budak,
anjeun ngendag-ngendag
peuting kuring
Dina mangsa sareureuh kolot
anjeun muka selot
peuting kuring
Ti usum tumorék nepi ka janari gedé
anjeun ucang anggé
na impian kuring nepi ka hudang panon poé

Andi Gita Lesmana
2011

SAJAK SUNDA: HUMAREGUNG

HUMAREGUNG

Aya nu humaregung basa layung tunggang
gunung. Sieun tepung jeung
poék nu mongkléng nu baris metengan
mumunggang sukma. Can wani
panggih jeung peuting da gening caang bulan
téh ranggaék, rungseb kana
unggal juru jejempling peuting.

Andi Gita Lesmana
2009

SAJAK SUNDA: KATUMBIRI HIDEUNG KABÉH

KATUMBIRI HIDEUNG KABÉH

I
Pan nyata na mah Katumbiri téh warna-warni
Tapi naha nu kuring mah hideung kabéh
II
Katumbiri geus aya warnaan, tapi hanjakal
ngan na jero impian
III
Katumbiri geus cengkat deui...Tapi ku keukeuh
hideung kabeh
IV
Katumbiri…Ngagantung ucang-ucangan

Andi Gita Lesmana
2009

SAJAK SUNDA: MULYA

MULYA

Anjeung ngasongkeun cai
pamépés hanaang sukma urang
anjeung ngasongkeun cai, nu kadua kali
nyinglar rasa kahariwang.
Laju anjeun ngasongkeun anggur
seungitna nu nyambuang
ngajak raga kumalayang
na antara amparan méga-méga
laju anjeun ngasongkeun anggur, nu kadua kali
haneutna nyaliara dina raga.
Raga
nu keur kumalayang
antara méga-méga
raga sirna tan daya, tan upaya.

Andi Gita Lesmana
2010

Kungsi ditulis dina catetan facebook 2 Juli 2011
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-
sajak/10150239746208893/?refid=21

SAJAK SUNDA: SI KABAYAN

SI KABAYAN

Si Kabayan indit ngantor, nyoléndang kantong
eusi laptop.
Di kantor tuktrek-tuktrek noélan keyboard,
meusmeus spasi, meusmeus spasi,
kadang kala kaselang ku diskusi.
Si Kabayan balik ti kantor, mawa pagawéan nu
teu anggeus di kantorna.
Si Kabayan strés, Si Kabayan déprési.
Si Kabayan protés ka Gusti,
“Da kuring mah biasana gé ngala tutut, Gusti!
Lain noélan keyboard QWERTY!”


Andi Gita Lesmana
20..

Kungsi ditulis dina catetan facebook 2 Juli 2011
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-
sajak/10150239746208893/?refid=21

SAJAK SUNDA: LALAKON BANGKÉ

LALAKON BANGKÉ

Lir bangké beurit nu kagencét na sela-sela erak piring
hésé kapanggihna, da nyelap dinu nyelempét,
teu kahontal ku sadeupa.
Dina kapanggihna gé si bangké geus reuteum
hungkul bilatung.
Tapi da ti bareng hos gé laleur mah geus
apaleun di mana si bangké
ngagolér,
tuluy eunteup, tuluy ngendog.
Si Ema, si Abah, jeung sakabéh nu di imah,
ugil-ugilan nyoér si bangké, geus teu kuat
ngambu bauna unggal poé.
Ari geus beunang dicoér mah,
si bangké téh ukur di bulen ku lamak, tuluy
dialungkeun ka susukan.

Andi Gita Lesmana
2009

Kungsi ditulis dina catetan facebook
https://m.facebook.com/notes/andi-gita-lesmana/salah-sahiji-kumpulan-sajak/10150239746208893/?refid=21