Selasa, 01 Juli 2014

Gambar Pemandangan Némbongkeun Cara Diajar

Dina tulisan ieu, urang rék nyambungkeun rupa-rupa pangalaman,

1. pangalaman gagambaran basa mimiti sok gagambaran,

2. cara diajar,

3. sawangan sementara, ngeunaan "sharing" informasi.

Tah, tadi isuk urang muka media sosial. Manggih gambar pemandangan, nu jigana loba jalma nu geus teu bireuk kana gambar "dua gunung di tungtung jalan. Aya panon poé nu mucunghul atawa rék surup di antara dua gunungna. Di sisieun jalan aya sawah, imah, atawa objék lianna. Awan di luhureun gunung digambar kalayan teges."



Ceuk urang ieu mah, dina prosés ngajarkeun sagala rupa, cara diajar di urang leuwih nyoko kana "nyonto", "diconto", "nyontoan", jeung turunan conto séjénna. Bisa jadi basa Arabna mah "al ilmu nurun" nu dina Sunda jadi niron (heureuy ieu mah). Niron mah gubragna jadi negatif. Anu positifna babagi élmu (sharing).

Nu nyontoan, diconto ku batur, nepi ka ngahasilkeun produk nu teu jauh béda. Asup akal kan? Bisa jadi gambar pemandangan nu sarua téh minangka bukti prosés diajar di urang.

Tah, sakieu heula ah ngacaprukna.


Sumber gambar:
*https://d3j5vwomefv46c.cloudfront.net/photos/large/836959513.jpg?1391430915
*twitpic.com/duay3d

2 komentar: