Minggu, 18 Januari 2015

DONGÉNG PUTRI MUTIARA


PUTRI MUTIARA*

Kacaritakeun di hiji karajaan aya putri anu geulis kawanti-wanti. Imutna éndah kabina-bina. Béja pabéja-béja, aya nu ditepikeun ku jelema tina baham kana ceuli. Aya nu ditalatahkeun ku daun ka angin. Aya nu dibawa ku manuk-manuk anu ngarapung ka madhab papat.

Éta putri téh resep pisan kana barang-barang anu harérang. Anu tina beling, anu tina keramik, jeung kana sing sakur barang nu hérang putri resepeun. Ceuk cenah, pangna putri resep kana barang nu hérang téh resep kana kajujuranana. Éta barang bakal némbongkeun kalangkang putri sakumaha ayana diri putri nu keur ningali kana éta barang.

Béja yén aya putri anu geulis kawanti-wanti téh sumebar ka unggal arah, ka rupa-rupa daérah, ka loba nagara. Nepi ka aya hiji pangéran nu keur néangan jodona nékad datang ka karajaan tempat si putri nganjrek. Datangna éta pangéran téh matak pikabungaheun pisan keur Raja jeung Ratu mah. Putri bakal ditanyaan.

Sawatara poé pangéran milu meuting di éta karajaan. Nepi ka dina hiji beurang, pangéran jeung putri ngahaja papendak. Bareng pendak, pangeran sologoto, ngadupak barang hérang milik putri nepi ka muragna. Putri nangis, sedih kacida. Pangéran diusir. Pangéran jeung putri teu jadi nikah.

Ti waktu diusirna pangéran nu datang ngalamar téa, jeung satuluyna unggal aya lalaki nu rék niat hirup bareng jeung putri, putri méré ujian sangkan éta lalaki téh bisa ngajaga naon nu dipikanyaah ku éta putri. Nya éta barang-barang harérang téa.

Unggal aya lalaki nu datang, unggal aya barang hérang nu peupeus. Putri kacida sedihna. Nepi ka manéna hayang ngajauhan sagalana.

Putri pamit ka indung-bapana, Ratu jeung Raja. Neda widi yén manéhna téh rék indit. Manéhna rék tatapa di tempat nu moal aya jelema nu ngulampreng salian ti anu ditakdirkeun hirup bareng jeung manéhna. Anu moal meupeuskeun nanaon.

Putri indit ka basisir, mekel sagala rupa barang nu dipikacinta ku manéhna, barang-barang harérang. Nincak keusik, nincak lambak, tuluy nepi ka cai laut geus satuur, sacangkéng, sadada, sabeuheung, nepi ka putri laput teuleum ka laut. Laut surti kana pamaksudan putri. Laut teu daék minuhan bayah putri ku caina. Laut rék mantuan putri tatapa. Laut nyiptakeun cangkang nu kuat ngarah putri kalindungan. Lila ti lila putri cicing di jero lindungan laut, putri ngahiji jeung barang-barang hérangna, putri robah jadi mutiara. Sabar nungguan jelema nu bisa ngangkat manéhna mawa ka tempat nu pangéndahna.

*carita Putri Mutiara ieu datang tina lamunan kuring basa di kamar mandi. Andi Gita Lesmana, 2015.

Baé nya urang ngarang dongéng.

Najan ceuk téorina mah -dongéng téh karya balaréa, hartina tara kanyahoan saha nu ngarangna (Budi Rahayu Tamsyah, 1996:121).

Tidak ada komentar:

Posting Komentar