Jumat, 23 Januari 2015

Bumi dina Tanduk Munding* nu Nangtung Luhureun Lauk

Kata kunci tambahan:
BUMI, SAPI, IKAN


Tah, ceuk kolot, bumi téh aya dina tungtung tanduk munding* anu nangtung luhureun lauk. Fénoména alam jiga lini (gempa bumi) téh balukar tina oyagna awak munding nu ngarasa cangkeul. Ku kituna masarakat nu percaya sok gogorowokan "Aya! Aya!", minangka tanda keur munding, yén aya kénéh jelema nu ngeusian bumi (dunia).

Sabada dipaluruh sumberna ku cara nanyakeun deui ka Uwa, gening aya buku nu kungsi medar ieu "carita", ngaran bukuna "Isro Ilyat".
Pun uwa ngaos (maca) ieu buku téh kurang leuwih taun 60-70an, basa anjeunna SD. Macana téh di imah uwa-na Uwa.

Keur info tambahan, "Aya! Aya!" nu digorowokeun téh jadi sarupaning -pesan berantai- ti hiji lembur ka lembur séjén.
***
*Munding
Aya koméntar keur salah sahiji sato dina ieu tulisan. Nu ditulis jeung digambar ku sim kuring satona téh munding (kerbau), tah ceuk nu koméntar (Pa Adhe, di Pustaka Sunda) mah sapi satona téh. Bérés maca koméntar tuluy ngobrol deui jeung uwa (uwa nu béda jeung uwa nu disebutkeun saméméhna), anjeunna ngahuleng bareng ditanya ngeunaan ieu carita -satona munding. Anjeunna malik nanya, "Munding kitu? Asa sapi."
***
Gambar di luhur téh gambar meunang sim kuring pribadi. Digambar dinten Juma'ah ping 23 Januari 2015. Pikiran keur ngagambarkeun bumi, munding, jeung lauk éta téh datang sabada ngobrol jeung Imam sareng Doli, mahasiswa Pend. Sejarah UPI (2012) di ruang kerja Pa Muhamad Mutakin kuncén PKM-UPI.

Carita bumi dina tanduk munding ieu di keluarga sim kuring dicaritakeun ku nini jeung ku uwa. Nyekrup pisan jeung carita nu katarima ku Imam ti kolotna.

Tindakan masarakat anu gogorowokan "Aya! Aya!" mah dienyakeun ku pun Bapa. Ari pun Bapa (Bapa sim kuring) asalna ti wewengkon Cingaweul, Majenang, Jawa Tengah.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar