Minggu, 20 April 2014

CURUG SIGAY (Air Terjun Sigay)



#CURUG #SIGAY #CURUGSIGAY

CURUG SIGAY, jangkungna kurang leuwih 15 méter. Ngaran walunganna nya éta walungan Cibeureum; batas administratif Kota Bandung jeung Kabupatén Bandung Barat.

Jalan asupna bisa ngaliwatan kampus UPI atawa bisa jalan Geger Arum-Geger Kalong. Lamun asupna ngaliwatan kampus UPI, jalanna nya éta asup ka gang di gigireun kolam renang UPI.

Sigay hartina alat keur naék kana tangkal kawung, bahan nu dipaké nya éta awi gombong saleunjeur dicowakan (dibolongan saeutik) pelebah buku-bukuna, keur tétécléan suku.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar