Selasa, 28 November 2017

Guru, Pahlawan Tanpa Tanda Jasa

Guru, Pahlawan Tanpa Tanda Jasa
Hiji kamandang pikeun istilah Guru, Pahlawan Tanpa Tanda Jasa
.
Guru, pahlawan tanpa tanda jasa. Naha guru disebut pahlawan tanpa tanda jasa? Terus guru nu mana? Guru, sakabéh guru di alam semesta? Guru di India anu hartina nyangkut paut kana guru spiritual? Atawa guru dibagi dumasar gajih ti pamarétah: PNS jeung PNS. Guru pagawé negeri sipil atawa guru pagawé nu swasta?
.
Tanggal 25 Nopémber téh geus jadi poé pikeun miéling ‘Hari Guru Nasional’. Ti iraha? Geus lila. Boa-boa ti jaman barudak SD boga imajinasi bisa ngobrol jarak jauh maké jam tangan. Teu kétang, aya dokuméntasina. Ti taun 1994 geus aya kaputusan présidenna. Nya éta Keppres Nomor 78 Tahun 1994.
Tah éta mah ngeunaan hari guru.
.
Ieu mah ngeunaan kalimah “guru, pahlawan tanpa tanda jasa”. Ti iraha ieu kalimah ayana? Teuing! Teu apal sim kuring gé. Tapi lamun diwawaas, hartina ieu mah saukur kamandang alias pendapat. Bisa waé éta kalimah téh muncul ku lantaran ayana PGRI, Persatuan Guru Republik Indonésia. Atuh daék teu daék kudu maluruh sajarah PGRI ari kitu mah.
Singgetna mah kieu: baheula, taun 1912, aya kelompok nu ngaranna Persatuan Guru Hindia Belanda (PGHB). Tuluy robah ngaranna jadi Persatuan Guru Indonésia (PGI) dina taun 1932.
Dipakéna kecap ‘Indonésia’ pikeun ngaganti ‘Hindia Belanda’ dina ngaran éta persatuan ngadatangkeun kahariwang pikeun pamaréntahan kolonial. Atuh ari kitu mah teu béda jeung ayana sumpah pemuda atawa pidatona Oto Iskandar Dinata (Otista) alias Si Jalak Harupat téa. Sarua matak geunjleung lain? Kitu deui lamun disambungkeun kana tujuan PGRI, di antarana:
1.       Mempertahankan dan menyempurnakan Republik Indonesia.
2.       Mempertinggi tingkat pendidikan dan pengajaran sesuai dengan dasar-dasar kerakyatan.
3.       Membela hak dan nasib buruh umumnya, guru pada khususnya.
Coba baca tujuan nu mimiti? Mempertahankan dan menyempurnakan Republik Indonesia.
Boa rékam jejak ayana guru di Indonésia nu ngalantarankeun ayana istilah ‘guru, pahlawan tanpa tanda jasa’ téh. Da mémang aya kontribusina dina berjuang nyinghareupan penjajah. Ngan bédana lain pihak nu nyorén bedil atawa ngalungkeun geranat. Najan teu nutup kamungkinan guru jaman harita milu buk-bek jeung gelutna, atawa dor-dar silih témbak jeung penjajah Belanda atawa Jepang.
Ah, ieu mah ukur kamandang pribadi anu ngandelkeun google keur nutupan rasa kapanasaranna.
Hatur nuhun. Hapunten samudaya kalepatan.
.
Sawatara sumber tina artikel Wikipedia, ditéang maké Google.
.
Bacaeun séjén:
Mengapa Guru Disebut Pahlawan Tanpa Tanda Jasa
Anies: Saya Tak Setuju Guru Disebut "Pahlawan Tanpa Tanda Jasa"
RELEVANSI GURU PAHLAWAN TANPA TANDA JASA
Ini Lo Alasan 25 November Dijadikan Hari Guru Nasional


Tidak ada komentar:

Posting Komentar