Hiji analisa sasakala batu Ménhir
Basa jaman Neolitikum, kabiasaan ngumpul téh geus aya. Teu béda jeung jaman Yunani. Nepi ka Yunani mah kawéntar ku para filsufna.
.
Bédana jeung jaman Yunani, dina jaman Néolitik mah can aya ngaranan kagiatan ngumpul téh. Dina jaman Yunani kagiatan keur ngeusian waktu nu lowong tina pagawéan téh dibéré ngaran scola , skhole, scolae, atawa schola (nu kiwari jadi asal-usul kecal kecap sakola, sokola, school, schule, jrrd).
.
Ti jaman ka jaman, saperti ti jaman Néolotik nepi ka Mégalitik, ti Yunani ka Romawi, ka masa Renaisance, malah ti jaman Revolusi Perancis nepi ka kiwari, kagiatan ngumpulna téh teu béda. Kurang leuwih babagi informasi.
.
Nu ngabédakeunna mah ngan tempatna. Baheula (jaman Néolitik téa) tempat ngariung téh deukeut tugu batu. Alesanna rupa-rupa, kaasup tadabur alam jeung ngahormat karuhun.
.
.
Jelema nu sok datang pangheulana ngageroan ka anu datang pandeuri, "Mén, hir!" Ku urang Éropah anu kungsi dijajah ku karuhunna urang Inggris, éta kecap téh ditulis "Man, here!"
"Jang, di dieu!"
Lamun diomongkeun lengkep mah "Jang, di dieu ngumpulna! Urang ngawangkong!"
.
Kiwari di Bandung ngadeg menhir di sababaraha pusat aktivitas masyarakatna, kayaning di Balkot jeung di Taman Sejarah. Jeung aya ogé wilayah nyu dingaranan Batununggal.
.
Ieu mah asli: men = batu ; hir = tunggal. Referensi: Wikipedia. Katakunci: Menhir.
.
#OMATHEUREUY #SAUKURHEUREUY #kerungheulatuluyseuri #lamundaek
#heureuy #joke #garing
Tidak ada komentar:
Posting Komentar