Jaman baheula, tapi teu baheula teuing, baheula rada béh dieu. Awal-awal
taun 1900an. Ngan nu pastina taun sabaraha mah geus kapopohokeun. Aya hiji
wanoja anu ngahaja nyaba ka tatar Sunda. Éta wanoja téh asalna ti India. Lahir
ti kulawarga anu beunghar. Beunghar tahta, jeung beunghar harta. Beunghar
kacida. Jeung manéhna téh daék sakola. Nepi ka bisa sakola ka Amérika sagala
keur namatkeun atikanana dina dunya hukum. Manéhna hayang jadi pengacara cenah.
Béda jeung di urang, jaman harita basa urang Sunda can loba nu sakola, dina
ayana ogé nu sakola paling luhur sakola dokter, STOVIA téa, nya lamun lulus
jadi dokter keur gubermen Hindia Walanda. Lain euweuh nu sakola atawa sadar
kana atikan, aya éta gé. Ti Sunda mah nya Déwi Sartika téa jalmina. Tapi da di
dieu mah moal nyaritakeun sakola. Ieu tulisan mah rék nyaritakeun dahareun.
Keun baé teu nyambung gé. Nu penting mah nyarita wéh heula.
Tah balik deui kana carita wanoja anu kungsi sakola ka Amérika téa. saking
ku beunghar, lamun keur teu puguh cagap di imah, manéhna sok lalayaran. Nya
salah sahijina lalayaran ka Hindia (Indonésia ayeuna mah). Teuing pédah ngaran
wewengkonna sarua, teuing pédah sasab, teuing pédah ngahaja. Pokona mah ka
Hindia wéh. Nya manéhna téh nyukcruk galur karuhunna. Cenah aya karuhunna anu
meunangkeun anakna Aki Tirem ti Sunda. Nya manéhna téh datang ka tatar Sunda.
Di hiji dayeuh, Bandung katelahna. Éta wanoja pakansi ka Derentén. Di pipir
gapura Derentén, éta wanoja jajan dahareun. Euweuh nu hideng méré ngaran kana
éta dahareun. Nu dagangna jeung nu nyieunna éta-éta kénéh, geus ema-ema.
Katelahna Ma Uwéh. Nu kiwari jadi kuwéh téa tina ku Uwéh, dijieun ku Uwéh, jadi
wéh kuwéh, kuéh.
Éta dahareun téh ku wanoja India téa kapaké pisan. Sabab ngeunah jeung
matak wareg. Dijieunna tina tipung béas.
Dipurulukan oncom. Wangunna buleud, munu'u lamun nangkub mah. Leuwih ni’mat lamun
didahar haneut-haneut.
“Ema, naon nami ieu tuangeun téh?” ceuk wanoja India.
“Teu aya namian, Nyai,” ceuk Ma Uwéh.
Camuil, camuil, Nyai Wanoja India téh ngahuapkeun éta kaolahan. Meni
matak pikabitaeun sakabéh nu datang ka Derentén.
“Nyai téh ti mana? Asa nembé ningal ema mah,” ceuk Ma Uwéh.
“Abdi téh ti India kalér Ma. Tepangkeun nami abdi Cornelia Sorabji. Seueur
nu nyauran abdi ku nami Sorabji,” ceuk wanoja India, nu harita geus méré nyaho
ngaranna ka Ma Uwéh.
Ma Uwéh héséeun nyebut Sorabji. Ti harita Ma Uwéh nginget-nginget ngaran Si
Nyai ku ngaran Surabi.
Nyi Sorabji ngaborong dahareun nu munu'u téa. Banget ku reueus daganganna diborong ku anu pakansi ti béda nagara, Ma Uwéh nepi ka méré ngaran
kana kuéh nu munu’u téa téh ku ngaran éta wanoja, Sorabji. Anu ceuk Ma Uwéh mah Surabi. Nya nepi ka kiwari éta kuéh téh
katelah Surabi.
Dongéng sasakala, tapi heureuy meunang Andi. ditulis sabada ningali doodle
Google Cornelia Sorabji.
.
kamus alit:
wewengkon : daérah
derentén : kebon binatang
pakansi : liburan, piknik
.
kamus alit:
wewengkon : daérah
derentén : kebon binatang
pakansi : liburan, piknik
Sanajan kirata, tapi matak narik mun dipaluruh leuwih jauh. Sugan kapanggih catetan-catetan eta wanoja dina arsip jaman Hindia-Walanda. Boa enya, surabi/sorabi teh tina ngaran Sorabji?
BalasHapusNuhun apresiasina. Sugan atuh aya ahli sajarah jaman Hindia-Walanda nu maca ieu tulisan dongéng sasakala.
BalasHapusNgan ari ieu mah hasil kirata jeung ngawawaas ku padeukeutna ngaran éta wanoja jeung surabi.
serius ieu teh sasakalana?? ��
BalasHapus