Senin, 04 November 2013

CARPON SUNDA: ANAK NONGKRONG

CARITA PONDOK
Judul: ANAK NONGKRONG

 “Engké rék langsung atawa balik heula blay?” ceuk Mischa ka Delia dina telepon.
 “Ékeu mah rék langsung wé ah, mun balik heula mah lieur ku kanjeng mamih, pasti loba tatanya geura.” jawab Delia. Ngabéjakeun sipat indungna anu sok loba nanya lamun anakna rék jalan-jalan. “Nu lain kumaha blay, jaradi ngilu moal?” tambah Delia nanyakeun dua sobatna nu séjén.
 “Jadi atuh, saha heula anu ngolo na..haha” jawab Mischa, balaga. Seuri Mischa jadi sora panutup dina telepon.
 Di kamarna, Delia mérésan pakéan anu bakal dibekel ka sakola, t-shirt gambar Marilyn Monroe jeung hotpants hideung, keur engké salin lamun geus di mall. Bawaan Delia dina jero rangsel kawilang loba, aya buku jeung alat tulis keur kaperluan sakola, jeung aya oge pakean jeung alat mikap keur engke ulin.
 Turun ti kamarna Delia tuluy sarapan bareng jeung indungna. Kulawarga Delia bisa disebut ngaménak, sok sajanan ayeuna mah kaayaanna geus béda jeung jaman bapana jumeneng. Kiwari ngan kari adat kabiasaanna hungkul anu ngari, harta banda mah geus teu nyésa. Harta banda kulawargana béak basa bapana ilubiung dina dunya pulitik. Bapana kungsi nyalonkeun diri jadi calég. Harta anu aya béak dipaké kaperluan pulitikna, di antarana waé biaya keur kampanyeu. Ngan naon nu diperjuangkeunna teu katepi. Nepika bapana maot kaserang panyakit jantung. Indungna Delia jadi single parent.
 Delia jeung balad-baladna katelah primadona di sakola, primadona ku geulisna jeung ku borjuna. Babaturan sakolana teu arapaleun lamun kondisi Delia nu ayeuna geus béda jeung kondisi Delia sataun ka tukang. Saha nu rék apal atuh lamun dina hirup sapopoéna masih glamour siga baheula. Manéhna anu pangheulana maké BB di sakolana, padahal bisa meuli BB téh hasil paséa heula jeung indungna. Indungna nu sadar kana kaayaan, rumasa geus moal kabedag mertahankeun gaya hirup siga baheula. Tapi ahirna indungna ngéléhan, kajeun guda-gadé ti batan ancaman anakna jadi kanyataan.
***
Bérés sakola, tabuh opat, Delia jeung baladna pangheulana ningggalkeun kelas, ninggalkeun sakola. Delia, Mischa, Véra, jeung Citra geus aya dina jero mobil Jazz Mischa. Mischa nu pangbeungharna ti antara opatan, ceunah mah manéhna téh anak invéstor kasohor di Bandung. Bareng jeung jempéna bél sakola, maranéhna biur indit ninggalkeun sakola.
Teu kungsi nepi kana sajam, mobil jazz Mischa geus diparkirkeun di basement salah sahiji mall kasohor di jalan Dago. Sakali séwang maranéhna ucul-ucul saragam dina jero mobil, disalin ku pakéan anu dibekel ku masing-masing. Delia maké t-shirt gambar Marilyn Monroe warna-warni jeung kahandapanna maké hotpants, tuluy disapatu kets merk vans. Citra maké kaos distro warna abu-abu, dicalana jins hideung merecet, disapatu merk macbeth. Véra jeung Mischa féminim pisan, duaan éta maké dréss kawilang mahal, Mischa maké kangkalung ranté dibabandulan ku logam ngabentuk bueuk anu matana tina bahan mirip inten, sedengkeun Véra maké kangkalung tali anu dibabandulan ku sababaraha tuts piano.
“Ékeu mah hayang ngalian heula ka toko baju anu di luhur téa, sugan wéh aya koléksi anyar.” Ceuk Mischa ka nu séjén.
“Ékeu gé satuju Cha, sugan wéh aya nu pantes dina awak urang anu séksi ieu,...hahaha” ceuk Véra nyapukan kahayang Mischa.
Di toko baju anu dituju ku Mischa téh teu lila, da kabeneran koléksina can update. Ayeuna giliran Delia anu ngajak.
“Tibatan géjé kieu mah mening karokéan wé yu, lumayan kan hiburan sanggeus meunang ulangan ti pa Kumis!” Delia ngajak nu séjén, bari jeung ngingetkeun yén tadi di sakola téh sirah opatanana ngebul ku sabab geus meunang ulangan ti guru akutansi.
“Enya atuh yu, basa kamu-kamu karokéan gé ékeu kan teu ngilu da keur nganteur kanjeng mamih téa.” Ceuk Citra atoh Delia ngajak karokean, bari jeung rada curhat ngeunaan kakeuheulna da kudu ngateur indungna basa sababaraha minggu ka tukang.
Sanggeus dua jam karokéan di hiji tempat family karaoké di eta mall, maranéhna nuluykeun nangkring di salah sahiji café langgananna. Véra ngaluarkeun roko rasa jeruk, DJMix merkna.
“Nih, ékeu mawa lagi roko rasa buah.” ceuk Véra bangun nu hayang nyugemakeun babaturanana.
“Alus atuh euy ari geus aya nu mawa mah, teu kudu asup deui ka swalayanna!” ceuk Mischa, bari nyokot sabatang roko ti Véra.
Pelenyun-pelenyun eta opat budak sakola téh ngararoko. Roko sabungkus nu geus béak ku opatan nungtungan nangkringna éta barudak ngora. Véra bakal dijemput ku kabogohna kurang-leuwih satengah jam deui. Citra anu imahna deukeut jeung Mischa nébéng kana mobilna. Imah Delia anu kaitung pangdeukeutna ti éta mall tapi euweuh nu bisa balik bareng kapaksa kudu naék kendaraan umum. Satengah jam ti dijemputna Véra ku kabogohna taksi can aya waé ngulampreng, nepi ka manéhna kapaksa balik naék angkot.
Delia naék angkot anu geus rada pinuh, ngan teu kungsi lila penumpang-penumpang anu saangkot jeung manéhna nungtutan talurun nepi ka kari tiluan, manéhna, supir, jeung baturna supir angkot nu aya di jero angkot téh. Baturna supir téh ngomong ku basa anu teu kaharti ku Delia, supirna ujug-ujug seuri. Teu kungsi lila éta angkot maju ngebut pisan, ngebut teu kira-kira. Harita Delia teu puguh rasa, komo deui sanggeus angkot kaluar tina jalurna anu biasa.
“Kiri mang, Kiri.... Mang, kiri!” ceuk Delia satengah ngagorowok. Supir jeung baturna geus teu maliré sora Delia, nu saurang mah teu ngaleungitkeun keureut-keureut beungeut panasaranna.
“Tulung... tulung...” Delia nyaho kaayaanna geus bahaya. Manéhna kokocéakan ménta tulung sok sanajan moal mungkin aya nu ngadéngéeun sora anu kasilep ku gerungna mobil ngebut.
Angkot eureun di tempat anu sepi pisan, teuing di mana. Baturna supir angkot pangheulana narajang Delia, ngan ku Delia sempet ditajong heula angenna. Supir angkot anu aya satukangeun baturna nagjengkang katabrak ku tonggong baturna anu ngadayagdag teu kuateun nahan tajongan Delia. Delia lumpat satari-tarikna. Ngan lumpatna éléh ku nu ngudag.
***
Poe senén, Delia sadar aya nu baseuh dina leungeunna, indungna keur saré, kaciri aya cimata maseuhan pipi indungna jeung leungeun Delia. Di rumah sakit.

Andi Gita Lesmana
2012

Tidak ada komentar:

Posting Komentar