Senin, 04 November 2013

SAJAK SUNDA: PHOTOBOX

PHOTOBOX

Dina éta kabin, anjeun jeung kuring
padémpét ngarah bisa asup kana frame
truk-trek, truk-trek anjeun mencét tombol
milih opsi layout poto
Jeprét, kapoto basa olohok
Jeprét, kapoto basa nyéréngéh
Jeprét, ngahaja teu loba gaya
Harita kénéh poto téh langsung jadi
tuluy diselapkeun dina dompét
dina saku nu euweuh liangan

Andi Gita Lesmana
2011

Tidak ada komentar:

Posting Komentar