Jumat, 14 Februari 2014

MACA SAJAK DINA POÉ VALENTINE 

Maca sajak dina poé valentine. Éta pisan anu dilakukeun ku lima urang mahasiswa basa Indonesia Upi.

Audrey (mun teu salah mah Audrey ngaranna téh, atau Audri meureun), awéwé nu harita maké baju biru, calana jins merecet, maca sajak di Partere Upi. Salian ti Audrey, nu maca sajak téh Ujo, Gadul, jeung duaan deui (teu apal saha ngaranna). Lamun maca sababaraha posotingan ka tukang, dina Screening Film FPBS, aya penayangan film dokumenter ti barudak basa Indonesia. Dina éta film, kajadian anu didokumentasikeun téh prosési Gadul dicukur, kalayan pembukaan maké ritual maca sajak.

Jumaah, tanggal 14 Fébruari 2014, pas pisan dina poé valentine, Audrey saparakanca maca sajak dina raraga miéling poé Valentine. "Memperingatkan Valentine day," ceuk si Gadul mah.

Maranéhna maca sajak santai pisan. Audrey maca sajak dina kaayaan nagog, hareupeun prasasti pendirian PTPG di Partere Upi. Ujo, tumpang kaki di salah sahiji bangku batu anu aya di gigireun kolam Partere. Gadul, posisi nu mimiti kaciri téh ngadayagdag di gigireun kolam, nyarandé kana tangkal. Bareng ditingali kadua kalina, manéhna geus sila andekak dina bangku batu di gigireuun kolam ogé.

Nu saurang (teuing ngaranna saha) diuk di handapeun tangkal caringin di tengah-tengah taman Parter. Nu terahir, nu teuing ogé saha ngaranna, maca sajak dina posisi jeung kondisi nu biasa pisan, jiga nu keur nangkring séjénna.

Buku-buka sajak nu harita dibaca di anatarana "Sajak-sajak Sepatu Tua" Rendra, "Tembang Sumbang" jeung "Pernyataan Cinta" Edwar Maulana, jeung sababaraha buku sajak séjénna nu teu kaburu ditingalian judulna.

Okéy, cara unik menikmati jeung memperingatkan valentine day.

  1. :)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar