Rabu, 12 Februari 2014

TARUCING GARING

SAKEUREUT KECAP TI TARUCING GARING KATIGA*

Tarucing Garing salaku grup atawa komunitas mimitina tina hiji grup dina facebook anu didirikeun ku Aép Saépuloh alias Utom Aép. Si Utom pernah negeskeun yén manéhna lain penemu “tatarucingan garing”, posisina ngan saukur pendiri “Group Tatarucingan K3 (Tatarucingan Bobodoran Garing)” hungkul. Tarucing Garing nu titik pamianganana tina grup dina facebook miboga sababaraha ngaran. Éta ngaran-ngaran séjén Tarucing Garing téh di antarana (1) Tarucing Garing Katiga, (2) Tatarucingan K3, (3) ngaran dina facebook: Group Tatarucingan K3 (Tatarucingan Bobodoran Garing, jeung (4) Tarucing Garing. Dina sababaraha ngaran nu dipaké aya istilah “Katiga” atawa disingkat (digaul-gaul) jadi “K3”, maksudna mah katiga dina basa Sunda anu hartina halodo panjang. Kecap katiga anu dipaké dina ngaran ahirna nuduhkeun kana karakteristik tatarucingananana.

Lamun medar naon éta tarucing garing salaku hiji kagiatan moal leupas tina dua kata kunci; “tarucing” jeung “garing”. Kata kunci pertama, tarucing. Urang Sunda mah geus moal bireuk deui kana istilah tarucing. Aya nu nyebut tarucing jeung aya ogé nu nyebut turucing, teu bisa disalahkeun salah sahijina. Dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata, kecap tarucing téh ngarahkeun hartina kana kecap turucing. Asal kecap turucing nya éta “turut cing”. Harti kecap tarucing téh runtuyan omongan anu kudu ditéangan hartina. Tarucing kaasup palajaran ngolah basa. Tina kecap turucing muncul kecap tuturucingan (tina tarucing jadi tatarucingan) anu hartina kaulinan ngaluarkeun rupa-rupa tarucing. Kata kunci ka dua, garing. Tah, kecap ieu garing téh maksudna negeskeun yén tatarucingan anu diproduksi ku Group Tatarucingan K3 mah teu lucu alias garing.

Dina praktékna, tatarucingan dilakukeun ku dua urang atawa leuwih; aya nu nanya jeung aya nu ngajawab. Aya perbédaan karakteristik tatarucingan wanda heubeul jeung tatarucingan wanda tarucing garing. Dina tarucing heubeul, jawaban geus matok bener salahna. Conto: (1) “Budak leutik ngambay peujit, naon cing?” jawabanna “jarum”. (2) “Hayam rinti nonggéng ka langit, naon cing?” jawabanna “ganas”. Sedengkeun dina tarucing garing, bener salahna jawaban teu matok, teu merhitungkeun kana kanyataan, malah teu merhitungkeun bener jeung salah, tapi leuwih nekenkeun kana ngolah krétifitas (prosés berpikir kreatif), jeung nu paling utama lain perkara bener jeung salah tapi perkara kagaringanana. Ieu aya sababaraha conto tatarucingan garing nu dimaksud, (1) "Naon bagian tina sapédah anu sok ménta tulung?" jawabanna "ban tukang". (2) Kalénder naon anu hideung kabéh?" jawabanna "kalénder hapé". (3) “Patung naon anu haram jeung dikutuk?” jawabanna “Patung Singapur. Sabab Singa kawin jeung lauk, anakna dikutuk jadi patung nu utah cai teu eureun-eureun”.
Nu ngalantarankeun tarucing garing béda tina bentuk tatarucingan nu kungsi aya dina humor Sunda téh nya éta tarucing garing mah gumelar tina komunikasi kaayeunakeun (kekinian alias kontémporér).

Utom Aép pernah ngaproklamirkeun prinsip Tarucing Garing Katiga, "Kerung heula, tuluy seuri."

Dimimitian tina grup facebook, tarucing garing ngalaman parobahan téma tatarucingan. Ti mimiti anu sifatna “roaming” atawa sabarudakeun, nepi ka heureuy anu bisa ditarima ku penikmat tarucing secara umum. Eusi tina ieu buku tarucing garing mangrupa tatarucingan meunang milihan para pengurus Group Tatarucingan K3. Ngan aya nu rada méngpar, tarucing garing loba anu teu garing. Loba penikmat tarucing anu masih kénéh seuri. Jadi kontradiksi, kuduna teu lucu, garing, tapi ngondang seuri. Tapi moal kabuktian lamun teu maca sorangan. Tapi ulah maca ogé sih, bisi hirup jadi sia-sia.

Di saluareun penjelasan panjang lébar ngeunaan Group Tatarucingan K3 jeung tarucig garing di luhur, aya tujuan anu bisa dianggap mulia keur nanjerna budaya Sunda di lemah cai urang. Tarucing garing dipiharep bisa jadi média pikeun ngamumulé basa Sunda. Jadi hiji alat keur ngawanohkeun, ngajaga, jeung nagmumulé budaya Sunda di unggal kalangan.

Buku tarucing garing moal pati-pati aya tanpa pangrojong ti sababaraha pihak. Ku kituna para pangurus Group Tatarucingan K3 (Tarucing Garing); Andi Gita Lesmana, Fazrin Nashrulloh, Givani, Jajang Winarya (Awin), Mukodas, Sutisna (Utis/Rakesh), jeung Aép Saépuloh (Utom), seja ngahaturkeun nuhun, di anatarana ka Kang Hijar (Wisata Literasi) anu tos kersa masihan lolongkrang pikeun ngaédankeun kréativitas barudak Tarucing Garing, ka anggota Group Tatarucingan K3 anu tos berkarya, ka penikmat tatarucingan anu geus ngaaprésiasi kagaringan Tarucing Garing. Panutup, kahatur sadaya pembaca, mugia buku ieu teu ngarugikeun sadayana. Aamiin.

Pengurus Tarucing Garing
Fébruari 2014

*kata pengantar tina buku tarucing garing

alamat tarucing garing katiga:fb: https://www.facebook.com/groups/tatarucingank3/twitter: @tarucinggaring

Tidak ada komentar:

Posting Komentar