Rabu, 12 Februari 2014

WAWANGSALAN

Okéy, saméméh ngabahas wawangsalan simkuring rèk ngajelaskeun heula motivasi nulis ieu artikel. Nu jadi motivasi utama pikeun nulis tulisan nu eusina ngeunaan wawangsalan téh ayeuna mah masih kénéh aya patula-patalina kana Group Tatarucingan K3*. Dina éta group aktivitas tatarucingan karasa beuki kuat. Nepi ka aya nu ngamimitian mostingkeun tatarucingan atawa tebak-tebakan dina wangun wawangsalan. Nalika maca wawangsalan gaya Tarucing Garing, aya kabingung anu muncul. Tah éta kabingung téh dipiharep bisa kajawab atawa bisa dilelempeng ku ieu tulisan.

Salian motivasi ti Group tatarucingan k3, mudah-mudahan ieu tulisan gè dibaca ku pembaca internét secara umum. Nambahan pangaweruh ngeunanaan sastra Sunda nu macana.

Jadi, naon nu dimaksud wawangsalan téh?
Wawangsalan téh kaasup kana salah sahiji jenis sisindiran. Salian ti paparikan jeung rarakitan.

Wawangsalan téh asal kecapna tina wangsal, hartina rèk sarua jeung wangsul, anu hartina balik. Ku kituna harti wawangsalan téh nya éta malikan deui (Faturohman, 1983:33)*.

Wawangsalan téh karangan anu diwangun ku sindir jeung eusi. Dina sindirna diwangun deui ku cangkang jeung wangsal. Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun (tara dijelaskeun). Eta wangsalna téh kudu ditéang tiba bagian eusi (Tamsyah, 1996:33)*.

Tah jadi dina néangan wangsalna (jawaban tina wawangsalan) téh kudu malikan deui maca cangkang jeung eusina.

Conto:
awi ngora téh jaradi, (cangkang)
temah matak jadi liwung. (eusi)

Wangsalna: iwung

Cara macana kieu:
1.naon tah sesuatu anu sabanga awi-ngora?
2.pituduh sorana nya éta sesuatu nu tungtungna sora 'ung'.
3. sabangsa awi, ngora, tungtungna 'ung'. Jadi iwung.

Conto ka dua:
Maung tutul saba kasur,
Diri teu ngareunah cicing.

Wangsalna: ucing

Tah, ari ceuk simkuring mah cindekna kieu: baris ka hiji ngomongkeun wujud, sedengkeun baris ka dua ngabéjaan (petunjuk) sora.

Ditingali tina wangunna, wawangsalan teh disusun ku dua padalisan (baris). Dina unggal padalisan aya dalapan engang (suku kata).

Tah, sakitu heula nu tiasa kapihatur. Mugia mangpaat.

*Group Tatarucingan K3 a.k.a Tarucing Garing

*Référénsi:
Faturohman, Taufik. 1983. Ulikan Sastra Pangajaran Sastra Sunda Pikeun Murid SMTP. Bandung: Penerbit Djatnika.

Tamsyah, Budi Rahayu, Spk. 1996. Pangajaran Sastra Sunda. Bandung: CV. Pustaka Setia.


Tidak ada komentar:

Posting Komentar